Kamis, 11 Desember 2008

Nu Kabelejog

Panonpoe geus lengser ngulon. Kalangkang jelema panjangna geus meh sarua jeung jangkungna jelema. Di

hiji pasar anu katelah pasar klandasan, dihareupeun salah sahiji toko kolontong katingali aya hiji

lalaki keur memeres daganganana. Tina warna kulit na nu rada hideung jeung buukna nu galing oge ditambah

ku logat ngomongna, bisa kanyahoan yen ieu lalaki tengah tuwu teh lain urang balikpapan asli tapi urang

butun nu bubuara di balikpapan. Kaitung loba urang butun nu bubuara di balikpapan. Teu heran lantaran

pulo sulawesi jeung balikpapan ngan di pisah ku selat anu bisa di peuntasan ku parahu leutik. Komo

ayeuna aya kapal feri cepat ti sulawesi ka balikpapan. Lolobana urang butun anu bubuara ka balikpapan

asalna patani. Sanggeus bubuara, loba nu jadi kuli kasar, mun nu awewena loba nu jadi tukang nyeuseuh

atawa pembantu rumah tangga. Tapi loba oge nu dagang, malah aya sababaraha tempat nu dipake dagang ku

urang butun dina wanci kasorenakeun anu sering disebut pasar butun. Ieu pasar ayana ngan wanci sore,

biasana nu dijual hasil tatanen sarupaning sayuran jeung bungbuahan. Balik deui ka lalaki nu keur

mereskeun daganganana, manehna nutupan barang daganganana nyaeta gedang ku terpal warna bulao. Sanggeus

rengse nutupan gedang, manehna gura giru meuntas jalan raya nuju ka Masjid At Taqwa anu keur direnovasi.

Di buruan masjid, katingali aya si mamang keur jualan siomay alias baso tahu. Dina dorongan tempat

siomay aya tulisan ngajeblag G A R S E L A. Moal salah, si mamang teh urang garut selatan nu keur

bubuara di balikpapan ngahaja nyiar rejeki pikeun kirimaneun ka kulawargana anu keur nungguan di lembur.

Salian ti sababaraha tukang siomay nu dina doronganana ditulisan GARSELA aya oge urang sunda nu bubuara

di balikpapan ngadon dagang kadaharan, nyaeta tukang robak alias Roti Bakar. Dina doronganana biasana

ditulis Roti Bakar Khas Bandung. Tapi mun pas nanya kanu dagang, "Dupi akang di bandung na dimana

Kang?". Jawabna "Abdi mah di bandung na di Majalengka". Kakara apal geuningan Majalengka teh kaasup

wewengkon kota bandung he he he..:-) Balik deui ka si mamang, sanggeus ngider kaditu kadieu, biasana mun

pareng mangsa ashar sok ngahaja dagang teh ka Mesjid. Katingali mun adzan geus dihaleuangkeun buru-buru

wudhu. Atuh mun geus rengse sholat jamaah langsung ngider deui.

Nincak mangsa ashar, Muadzin matuh masjid At Taqwa ngajomantarakeun adzan kanu sapeker. Sorana nu tarik

aweuhan ka sabudeureun masjid. Silih tembalan jeung adzan ti masjid lianna.

Di hiji rohangan anu panggedena di lantai pangluhurna salah sahiji gedong perkantoran anu aya di

sagigireun masjid At Taqwa, Pak Edi keur sibuk nganggeuskeun pagaweanana. Sanggeus lulus ti salah sahiji

paguron luhur nu kawentar di bandung sarta meunang gelar insinyur, terus digawe salila lima welas taun

di perusahaan nu asalna milik asing, ayeuna Pak Edi meunang kalungguhan menejer. Meunang gajih meh nepi

ka angka tilu puluh juta. Ka kantor make mobil buatan eropa meunang meuli ku duit tunjangan trasport

jatah ti perusahaan. Mingkin luhur kalungguhan mingkin loba pagawean anu kudu diurus, sanajan ngan

saukur jadi koordinator. Purah tutah titah ka anak buahna pikeun ngarengsekeun pagawean manehna. Sora

Adzan ti masjid At Taqwa kadenge jelas ku Pak Edi. Tapi teu jadi soal, teu ngajadikeun eureun ngagawean

hanca pagaweanana. Komo ieu, pagaweanana keur ditungguan ku bosna nu di jakarta. Ashar ? Biasana jam

lima kakara ngalaksanakeun ashar sanggeus hanca pagawean rengse.


Naha urang butun nu ngan dagang gedang jeung si mamang nu ngan saukur dagang siomay leuwih sumanget dina

ibadah tibatan menejer nu gajina ampir tilu puluh juta ? Naha lain kuduna nu leuwih loba hartana nu

leuwih soson-soson dina ibadah ?

SAESTUNA JANJI ALLOH BENER, KU KITUNA ULAH SAKALI-KALI MARANEH KABELEJOG KU KAHIRUPAN DUNYA JEUNG ULAH

KABELEJOG KU TUKANG TIPU (SYETAN) DINA (TAAT) KA ALLOH [QS LUQMAN 33]

Urang sarerea kudu ati-ati tina fitnah dunya jeung ulah sakali-kali gumantung kana kahirupan dunya. Lain

artina teu meunang dahar jeung nginum, teu meunang usaha nyiar harta, tapi maksudna ulah sakali-kali

hate urang gumantung kana harta. Urang teu meunang titeuleum kana kahirupan dunya bari ngalalaworakeun

ibadah ka Alloh.


Ti Abu Sa'id Al Khudri rodiallohu 'anhu, anjeuna nyarita,"Rosululloh sholallohu 'alaihi wassalam khutbah

dihareupeun jalma-jalma, terus ngadawuh,"Demi Alloh, Euweuh naon-naon anu ku kaula paling dipikasieun

bakal tumiba ka maraneh, Hei Manusa, iwal ti naon-naon nu ku Alloh dikaluarkeun ka maraneh tina

perhiasan dunya (Muttafaq alaih, HR Ibnu Majah No 4066)

Rosululloh sholallohu 'alaihi wassalam ngadawuh :"Saestuna Demi Alloh, lain kamiskinan nu kukaula

dipikasieun tumiba ka diri maraneh, tapi nu ku kaula dipikasieun ka diri maraneh nyaeta di amparkeuna

legana dunya ka diri maraneh sakumaha diamparkeunana ka jalma-jalma saacan maraneh, nu ngabalukarkeun

maraneh silih paheula-heula meunangkeunana, sakumaha maranehna (jalma-jalma saacan maraneh) paheula-

heula silih parebut. Nepi ka ngabinasakeun maraneh, sakumaha legana dunya geus ngabinasakeun maranehna

(diriwayatkeun ti Amru bin Auf, Muttafaq alaih, HR Ibnu majah No 4068)

Urang kudu ngeunteung ka tukang gedang. Nu sanajan hirupna masakat tapi tetep taat. Urang kudu guguru ka

tukang baso tahu. Nu sanajan hirup pinuh ku kasusah tapi tetep bisa istiqomah.

ALLOHUMMA INNI AS ALUKA 'ILMAN NAFIA' WA RIZQON THOYYIBA WA 'AMALAN MUTAQOBBALA
YA ALLOH SAESTUNA SIMABDI NYUHUNKEUN ELMU NU MANFAAT, JEUNG RIZKI ANU HADE, JEUNG AMAL NU DITARIMA
(HISHNUL MUSLIM)


Mudah-mudahan urang sadayana dipaparinan rizki anu manfaat. Rizki nu ngajadikeun urang leuwih soson-

soson dina ibadah. Rizki nu ngajadikeun urang langkung iman tur taqwa. Amiinn...