Rabu, 28 Januari 2009

Saha Ari Yahudi ?

Al yahudu nurutkeun basa arab asalna tina kecap hadu nu artina jalma-jalma nu geus tobat. Sakumaha kaunggel dina Tafsir Ibnu Katsir Rahimahullah, Al Yahudu mangrupakeun Umat Nabi Musa ‘alaihissalam anu nyokot hukum tina Taurat tapi geus méngpar tina ajaran Nabi Musa ‘alaihissalam. Anapon nurutkeun nasab katurunan, ieu golongan dinisbatkeun ka anak turunan Nabi Ya’qub ‘alaihissalam.

Naha Yahudi = Israil ?
Israil mangrupakeun ngaran lain ti Nabi Ya’qub ‘alaihissalam. Sanajan umat Yahudi kalolobaanana turunan Nabi Ya’qub ‘alaihissalam, umat Yahudi teu boga hak pikeun dinisbatkeun ka Nabi Ya’qub ‘alaihissalam sabab tina aqidah geus béda jauh antara Umat Yahudi ayeuna jeung Nabi Ya’qub ‘alaihissalam. Jadi Nabi Ya’qub ‘alaihissalam ogé Nabi Musa ‘alaihissalam geus megatkeun hubungan jeung kaum yahudi sakumaha Nabi Isa ‘alaihissalam geus megatkeun hubungan jeung kaum nashara. Jadi yahudi kaasup bani israil anu geus kafir, tapi teu sakabeh bani israil jadi yahudi, sabagian ti bani israil mangrupakeun muslim jeung sabagian deui jadi nashara. Teu meunang nyebut nagara nu ngakaya kaum muslim di filistin ku kecap Israil, sabab Israil mangrupakeun salah sahiji Nabi nu diutus ku Alloh Subhanahu wa ta’ala nu sifat-sifatna jauh jeung kaum yahudi.

Naha Nabi Musa ‘alaihissalam kaasup golongan Yahudi ? Naha Yahudi kafir?
Sakumaha dicaritakeun di luhur, Yahudi mangrupakeun umat Nabi Musa ‘alaihissalam nu di la’nat ku Alloh Subhanahu wa ta’ala. Sedengkeun Nabi Musa ‘alaihissalam sorangan kaasup Muslim sakumaha kaunggel dina Surah Yunus ayat 84. Kitu deui Nabi ti golongan Bani Israil saperti Nabi Yusuf ‘alaihissalam, Nabi Isa ‘alaihissalam, Nabi Sulaiman ‘alaihissalam, Nabi Daud ‘alaihissalam nu kaasup Muslim (Ali Imron 52, An Naml 42). Malahan Nabi Ibrahim ‘alaihissalam nu kaasup karuhun bani Israil kaasup Islam sanajan urang Yahudi ngaku-ngaku yén Anjeuna kaasup golongan Yahudi (Ali Imron 67, Al baqarah 140). Kafirna umat Yahudi disebutkeun dina surah Al Maaidah 78, AL Bayyinah 6, jeung ayat nu lianna. Dawuhan Rosululloh
“Demi dzat nu jiwa Muhammad di leungeun-Na, henteu ngadéngé ngeunaan kaula ti umat ieu boh Yahudi atawa Nashrani, terus manéhna paéh jeung teu iman ka naon anu kaula diutus iwal ti manéhna asup ka naraka.” (HR Muslim). Wajib pikeun muslim yakin kana kafirna Umat Yahudi sakumaha dijelaskeun ku Ibnu Taimiyyah rohimahulloh yén singsaha anu nganggap ibadahna jalma-jalma yahudi mangrupakeun wujud taat ka Alloh jeung Rosul-Na tangtu manéhna geus kafir.

Kunaon Umat Yahudi dila’nat ku Alloh Subhanahu wa ta’ala?
1. Syirik
Umat yahudi ngajadikeun ‘Uzair salaku anak Alloh sakumaha umat nashrani ngajadikeun Al Masih salaku anak Alloh jeung ngajadikeun jalma-jalma ‘alim di antara golonganana salaku pangéran anu disembah (At Taubah 30 & 31)
2. Sombong
Tandana sombong nyaéta nolak bebeneran anu mangrupa Al Qur’an (Al Baqarah 91)
3. Ngobah ayat-ayat Alloh Jeung nyéléwéngkeun ma’na na
Ngarobah eusi taurat nurutkeun hawa nafsuna. (Al Maidah 41). Ogé nyaléngorkeun ma’na na nurutkeun hawa nafsuna (An Nisa 46)
4. Maéhan para Nabi
Umat Yahudi maéhan para Nabi anu diutus ka maranéhna (Al Baqarah 91)
5. Ngajadikeun kuburan salaku masjid
Dawuhan Rosululloh Sholallohu ‘alaihi wa sallam : “Alloh nga la’nat Yahudi jeung nashrani lantaran maranéhna ngajadikeun kuburan nabi-nabi maranéhna salaku masjid)
6. Satia ka musuh-musuh Alloh
Umat Yahudi wala (loyal/satia) ka jalma-jalma kafir (musyrik) (Al Ma’idah 80). Kitu ogé Umat Muslim haram hukumna pikeun wala’ (loyal) ka jalma yahudi (Al Ma’idah 51)
7. Sihir
Umat Yahudi ngagunakeun sihir maké bantuan para syétan (Al Baqarah 101-102)
8. Iman ka sabagian ayat Alloh jeung kufur ka sabagian nu lainna
Umat Yahudi ngan iman ka ayat-ayat Alloh nu saluyu jeung hawa nafsuna. Maranéhna kafir ka ayat Alloh, mun éta ayat teu saluyu jeung hawa nafsuna (Al Baqarah 85)
9. Ta’ashub (fanatik nu kaleuleuwihi)
Sifat ta’ashub ieu dijelaskeun dina suah Ali Imron 73 jeung Al Baqarah 91. Maranéhna ngan ngaku ka kitab anu diturunkeun ka maranéhna jeung ingkar kana kitab anu teu diturunkeun ka maranéhna sakumaha ingkar nakanu naon geus diturunkeun ka Nabi Sholallohu ‘alaihi wa sallam.
10. Hiyal (Tipu muslihat)
Urang Yahudi kawentar tukang tipu. Teu ngan saukur nipu jelema tapi geus coba-coba nipu ka Alloh subhanahu wa ta’ala (Ali Imron 54 & 74, Al A’raf 163)

Mangga sadayana urang lenyepan sifat-sifat yahudi di luhur, jeung talungtik ka diri urang masing-masing. Inggis aya sabagian sifat-sifat di luhur anu aya dina diri urang anu ngabalukarkeun urang kaasup kana golongan yahudi. Dawuhan Rosululloh sholallohu ‘alaihi wa sallam : “Singsaha anu nyarupaan hiji kaum, tangtu manéhna kaasup kana golongan maranéhna” (HR Ahmad jeung Abu Dawud ti shahabat Abdullah Ibnu Umar rodhiyallohu ‘anhuma)

Minggu, 11 Januari 2009

Kunaon Umat Islam Sering Dikakaya?

Al Imam Abu Daud geus ngariwayatkeun dina kitabna As-Sunan kitu ogé Al Imam Ahmad dina musnadna jeung kitu ogé ulama-ulama nu lianna, ti dua sanad anu silih nguatkeun nu hiji jeung nu lainna, ti Nabi Sholallohu ‘alaihi wassalam, Anjeuna ngadawuh,”Mun maranéh geus jual meuli ku cara ‘inah jeung maranéh geus nyokot buntut-buntuk kebo jeung maranéh geus micinta tatanén jeung maranéh geus ninggalkeun jihad di jalan Alloh, tinangtu Alloh bakal méré kahinaan ka maranéh, éta kahinaan moal diangkat nepi ka maranéh balik deui ka agama maranéh”.

Dina hadits shahih ieu aya katerangan anu jelas ngeunaan solusi jeung ubar pikeun nyageurkeun panyakit anu karandapan ku umat Islam ayeuna nu mangrupa kahinaan. Rosululloh Sholallohu ‘alaihi wassalam geus ngajéléntrékeun dina hadits ieu panyakit nu bakal tumiba ka umat Islam, yén Alloh bakal ngahinakeun maranéhna. Kahinaan ieu dibalukarkeun ku sababaraha hal :
1. Mun maranéh geus jual meuli ku cara ‘inah
Jual meuli ku cara ‘inah mangrupakeun salah sahiji transaksi anu ngandung unsur rénten. Sistem jual meuli nu disebutkeun ieu ngan saukur conto (jeung teu ngawatesanan) tina mangrupa-rupa sistem jual meuli nu ngandung unsur rénten nu bakal ngabalukarkeun umat Islam titeuleum kana kahinaan.
Padahal geus jelas yén rénten geus diharamkeun ku Alloh, boh nu méréna, boh nu narimana, boh nu nyatetna boh nu jadi saksina. Dina jaman kiwari, loba transaksi dina rupa-rupa bentuk anu ngandung unsur rénten. Dina sistem ékonomi kapitalis, transaksi-transaksi samodél ieu geus lumrah dilakonan boh ku kaum kafir boh ku umat Islam. Dina hal ieu, perluna umat Islam boga élmu ngeunaan ékonomi syariah, ékonomi Islam nu sumberna ti Alloh jeung Rosul-Na supaya teu tigebrus kana transaksi anu diharamkeun.

2. Jeung mun maranéh geus nyokot buntut-buntut kebo jeung maranéh geus micinta tatanén
Maksudna maranéh leuwih mentingkeun urusan-urusan dunya tibatan urusan agama. Umat Islam leuwih soson-soson nyiar harta banda tibatan nyiar élmu agama jeung ngamalkeunana. Umat Islam titeuleum dina buadaya hedonis nu leuwih micinta dunya tibatan akhérat. Umat Islam leuwih mandang dunya dina ukuran kamajuan, dina ukuran pangwangunan ékonomi. Kamajuan umat diukur tina lobana harta anu dipimilik ku tiap-tiap kulawarga, lain ku euyeub na sholat jama’ah di masjid, lain ku hirupna majlis-majlis ta’lim, lain ku saeutikna kamaksiatan. Leuwih hadé jadi jalma beunghar najan jauh tina tuntunan agama tibatan jadi jalma mu’min anu fakir. Sagala cara dihalalkeun pikeun meunangkeun dunya. Korupsi geus jadi hal anu wajar malah papinter-pinter supaya teu kabokér. Silih tipu, silih sikut geus jadi hal anu lumrah pikeun meunangkeun kalungguhan.

3. Jeung maranéh geus ninggalkeun jihad di jalan Alloh.
Umat Islam geus ninggalkeun jihad di jalan Alloh. Boh jihad ngalawan hawa nafsu sorangan, boh jihad dina amar ma’ruf nahi munkar, boh jihad ngalawan jalma kafir. Dalah tong boroning rék jihad, élmuna ngeunaan jihad, naon rupa-rupa jihad, kumaha adab-adab jihad, Umat Islam loba nu teu nyaho. Malah aya sababaraha golongan anu ngan dumasar kana sumanget bari dibekelan ku élmu anu héngker ngarasa yén maranéhna keur ngalakukeun jihad tapi sabenerna maranéhna keur ngalakukeun karusakan di dunya.

Ku tilu sabab di luhur, cukup pikeun Alloh méré kahinaan ka Umat Islam. Kumaha ubarna?
Alloh moal ngangkat éta kahinaan nepi ka maranéh balik deui ka agama maranéh

Ieu ubar anu pangmatihna nu dijelaskeun ku Rosululloh Sholallohu ‘alaihi wassalam pikeun ngangkat Umat Islam tina kahinaan. Naha ajaran agama nu kumaha nu dimaksud dina éta hadits ? Dawuhan Rosululloh Sholallohu ‘alaihi wassalam: ”Yahudi bakal jadi tujuh puluh hiji golongan jeung Nashara papisah jadi tujuh puluh dua golongan jeung umat Kaula bakal papisah jadi tujuh puluh tilu golongan, sakabéhna di naraka iwal hiji. Para shahabat nanya : Saha maranéhna téh Ya Rosululloh Sholallohu ‘alaihi wassalam? Anjeuna ngajawab: maranéhna nyaéta jama’ah”
Naha jama’ah nu kumaha nu dimaksud? Dawuhan Rosululloh Sholallohu ‘alaihi wassalam: “Maranéhna nyaéta jalma-jalma nu ‘ittiba ka kaula jeung para sahabat kaula” Bebeneran teu diukur tina loba saeutikna jelema nu biluk, tapi diukur tina saluyu atawa henteuna jeung tuntunan Alloh, Rosulna jeung para sahabat.

Dina mangsa kiwari, dimana loba nu ngalalaworakeun tauhid ka Alloh. Dimana loba umat Islam nu leuwih resep make hukum jieunan jalma tibatan Alloh. Dimana sistem ékonomi islam dianggap kurang hadé tibatan sistem ékonomi kapitalis, sosialis, atawa komunis. Dimana hukum pidana dianggap leuwih hadé jeung manusiawi tibatan hukum qishash. Dimana sistem démokrasi dianggap leuwih hadé tibatan sistem pamaréntahan islam. Dimana ieu agama dianggap can sampurna ku cara nambah-nambah syaréat anu datangna lain ti Alloh jeung Rosul-Na. Tong héran mun umat Islam terus-terusan aya dina kahinaan. Terus-terusan dikakaya ku kaum kuffar. Terus-terusan jadi kaulinan kaum kuffar. Padahal Alloh ngadawuh:”Dina poé ieu kaula geus nyampurnakeun pikeun maranéh agama maranéh” (Al Maaidah :3). “Singsaha nu néangan salian ti Islam salaku agamana tinangtu moal ditarima” (Ali Imron :85)

Ayeuna di Filistin, kamari di Iraq, mangkukna di Afghanistan, isuk jaganing pagéto bisa jadi kalaman langsung ku urang saréréa di Indonésa.

Rengganis, 15 Muharam 1430 H

Kamis, 01 Januari 2009

NU PENTING NIAT

Rosululloh Sholallohu ‘alaihi wassalam ngadawuh : “Iman ngabogaan 63 atawa 73 cabang, nu paling utama nyaéta kalimah tauhid La Ilaha Ilalloh jeung nu paling handapna nyaéta nyingkahkeun gangguan ti jalan, jeung éra mangrupakeun salah sahiji cabang tina kaimanan.” (HR Muslim, An Nasa’I jeung nu lianna ti sahabat Abu Hurairah radhiyallohu ‘anhu)

Salah sahiji bagéan iman anu panghandapna nyaéta nyingkahkeun naon-naon anu ngahalangan jalan, ti mimiti cucuk, batu gedé, tatangkalan anu rubuh jeung sajabana.

Terus kumaha mun aya jalma ngalakukan hal anu sabalikna?
Ngahaja ngahalangan jalan nepi ka nu laliwat kaganggu, jalan jadi macét. Atuh meureun Iman éta jalma téh bisa disebut teu sampurna. Padahal nyingkahkeun naon-naon anu ngahalangan jalan téh mangrupakeun iman anu panghandapna. Sedengkeun ieu malah sabalikna, malah megatan nu laliwat.

Tapi kumaha mun nu ngalakukeunana boga maksud hadé, niatna hadé?
Maksudna?
Contona mun aya nu démo di jalan-jalan nepi ka jalan macét. Pan niatna hadé pikeun amar ma’ruf nahi munkar. Pikeun nanjeurkeun bebeneran. Pan saur Rosululloh sagala amal gumantung kana niatna.

Umar ibnul Khathab Rodhiyallohu ‘anhu nyarita: Kaula ngadéngé Nabi Sholallohu ‘alaihi wassalam ngadawuh, “ Satiap amalan gumantung kana niatna. Jeung satiap jalma ngan meunangkeun naon-naon saluyu jeung naon anu ku manéhna diniatan. Kukituna, singsaha nu amal hijrahna lantaran Alloh jeung Rosul-Na tinangtu hijrahna éta tepi ka Alloh jeung Rosul-na. Jeung singsaha nu hijrahna lantaran hayang dunya atawa ku lantaran hayang ngawin wanoja tinangtu hijrahna tepi ka nu naon dipikahayangna. (Shahih Bukhari No 1 &Shahih Muslim No 1908)

Ibnu Taimiyah Rohimahulloh nyarita : “Satiap amalan nu dilakukeun ku saurang jalma naha nu mangrupa kahadéan atawa kagoréngan gumantung kana niatna. Mun éta amalan tujuanana hadé tangtu manéhna meunang kahadéan tapi sabalikna mun maksudna goréng tangtu manéhna meunang nu saluyu jeung niatna.”

Hiji amal kahadéan bakal jadi ibadah anu ditarima nalika éta amal diniatan ku niat anu hadé mangrupa kaikhlasan.

“JEUNG MARANÉH TEU DIPARENTAHKEUN IWAL TI SUPAYA ARIBADAH KA ALLOH BARI NGAIKHLASKEUN IEU AGAMA NGAN SAUKUR PIKEUN ANJEUNA” (AL BAYYINAH :5)

Jadi jelas syarat nu kahiji supaya amal ditarima, éta amal kudu diniatan ku niat anu ikhlas. Niat nu ngan saukur néangan ridho Alloh subhanahu wata’ala.

Terus kumaha mun ngalakukeun amal goréng tapi niatna hadé?
“Jeung singsaha nu ngalakukeun hiji amalan anu euweuh syaréatna ti kami tangtu éta amalan teu katarima” (Shahih Muslim ti ‘Aisyah rodhiallohu ‘anhu)
Jadi syarat anu kadua supaya amal ditarima, éta amal kudu saluyu jeung sunnah (tuntunan) Rosululloh Sholallohu ‘alaihi wassalam.

Jeung teu meunang ngahalalkeun nu haram ngan saukur ku alesan niatna hadé. Saéstuna euweuh saurang ogé di luhur bumi nu ngaku boga niat goréng. Teu percaya sok tanya ka nu korupsi, ngagarong, nyopét, jambret jeung nu séjenna kunaon manéhna ngalakukeun éta? pasti maranéhna ngajawab yén niatna hadé, nyaéta pikeun méré nafkah ka anak pamajikanana.

Mun amal goréng bisa jadi hadé kulantaran niatna hadé jeung nu haram bisa jadi halal (lain dina kaayaan darurat) kulantaran niatna hadé tangtu ieu agama teu jauh béda jeung ajaran komunis nu bisa ngahalalkeun sagala cara supaya kabéh rahayat raharja.

Wajib pikeun satiap muslim nyaho kana élmuna saacan ngalakukeun hiji amal. Naha éta amal téh disyaréatkeun atawa henteu, naha éta wajib atawa mustahab? Sakumaha ditulis ku Imam Bukhari dina shahihna aya bab khusus ngeunaan Al Ilmu Qoblal Qoula (Elmu saacan nyarita jeung ngamalkeunana) dumasar kana dawuhan Alloh :
”JEUNG PIKANYAHO YEN EUWEUH NU BOGA HAQ PIKEUN DISEMBAH IWAL ALLOH JEUNG MENTA AMPUN TINA DOSA-DOSA ARANJEUN” (Muhammad : 19)

Dina hal ieu, urang saréréa kudu tetep waspada kana tipu daya syétan, kana talbis iblis. Iblis bisa ngagoda sing saha waé. Ahli ma’shiyat digoda nepi ka tilelep dina ma’shiyatna. Ahli ibadah ogé digoda nepikeun ka titeuleum dina ibadahna nu pacampur jeung ka-syirik-an oge perkara anu bathil bari teu dipikasadar. Maranéhna anu ngalakukeun amar ma’ruf nahi munkar ogé teu leupas tina godaan. Digoda ku sumanget jeung sikap kaleuleuwihan nepi kaluar tina haq-na.

“Sabagian ti maranéhna ngaharéwoskeun ka sabagian nu lianna, ucapan-ucapan nu éndah pikeun nipu.”(Al An’am :112)

Tong katipu ku Syétan la’natulloh nu sok mikaéndah hiji kagoréngan, anu sok nyampurkeun anu haq jeung nu bathil, anu sok ngajadikeun jalma-jalma mandang hadé satiap amalan nu dilakukeunana. Satiap amalan nu ku urang dilakukeun kudu salawasna ditimbang ku Al Qur’an jeung As Sunnah supaya teu kajeblos kana hal-hal sarupa ieu.

“Allohumma inni as ‘aluka ‘ilmannafi’a, wa rizqon thoyyiba, wa ‘amalan mutaqobbala”

Rengganis, 4 Muharram 1430 H.

HARAMNA GOLPUT

  • KONDISI NAGARA URANG KEUR GERING PARNA, LOBA POLITISI EUWAH, KORUPSI DIMANA-MANA. URANG KUDU MILU MENERAN IEU NAGARA KU CARA TEU GOLPUT. DUMASAR KANA HAL IEU GOLPUT HUKUMNA HARAM. DEMOKRASI GEUS SALUYU EUJEUNG ISLAM SAKUMAHA PRINSIP SYURO

Ayeuna urang paluruh heula, naon ari nu disebut démokrasi jeung timana asal-usulna. Arti Démokrasi nyaéta kakawasaan rahayat ti rahayat. Rahayat mangrupakeun sumber kakawasaan. Nu mimiti ngaluarkeun ide démokrasi nyaéta Plato. Nagara modérn nu mimiti nganut faham ieu nyaéta Prancis, sakumaha sloganna nu kakoncara “kabébasan, duduluran jeung kasataraan”. Prancis ngasupkeun faham démokrasi kana UUD-na nu nyebutkeun yén rahayat mangrupakeun sumber kakawasaan. Ti dieu bisa ditempo yén démokrasi dianggap “pangéran” nu nangtukeun hukum/syariat. Padahal nurutkeun Islam ngan Alloh nu boga hak pikeun nangtukeun hukum. Manusa ngan wenang pikeun ngajalankeun hukum anu geus ditangtukeun ku Alloh.

Unsur démokrasi aya tilu :
1. Législatif

Euweuh no boga hak pikeun netepkeun hiji hukum iwal éta peraturan dijieun kucara démokrasi. Dina alam démokrasi hukum-hukum Alloh teu dianggap.

2. Yudikatif

Teu diwenangkeun hiji hakim pikeun nangtukeun hiji pasualan iwal ti dumasar kana hukum anu geus dijieun ku législatif.

3. Éksékutif

Teu meunang nyieun hiji kaputusan ogé, iwal ti dumasar kana UU. Ieu boga arti yén sakabeh hukum syar’i anu geus ditangtukeun ku Alloh teu berlaku.

Di dieu bisa dijieun kasimpulan yén démokrasi mangrupakeun hukum kaum kuffar, asalna ti urang kafir jeung teu saluyu jeung hukum Islam.

Naha hukum jahiliyyah nu ku maranehna di pikahayang, jeung hukum saha nu leuwih hade tibatan hukum Alloh pikeun jalma-jalma nu yakin?”(Al Maidah 50)

NAHA BISA DEMOKRASI DILUYUKEUN JEUNG ISLAM?

Henteu, sabab : Dina Islam ngan Alloh wungkul nu boga hak pikeun nyieun hiji syariat

“Saéstuna hukum ngan saukur milik Alloh”(Yusuf 40)

NAON HUKUMNA JALMA NU NGAJALANKEUN HUKUM SALIAN TI HUKUM ALLOH?

“Sing saha nu teu mutuskeun dumasar kana non anu geus diturunkeun Alloh tinangtu éta kaasup jalma-jalma nu kafir”(Al Maidah 44)

“Sing saha nu teu mutuskeun dumasar kana non anu geus diturunkeun Alloh tinangtu éta kaasup jalma-jalma nu zolim”(Al Maidah 45)

“Sing saha nu teu mutuskeun dumasar kana non anu geus diturunkeun Alloh tinangtu éta kaasup jalma-jalma nu fasikr”(Al Maidah 47)

DÉMOKRASI JEUNG PEMILU SARUA JEUNG SYURO ISLAMI

Démokrasi jeung pemilu nepi kamana ogé moal bisa paamprok jeung musyawarah nu disyaréatkeun ku Alloh.

Kahiji,

Saha nu nyieun syaréat démokrasi ? Jawab, jalma kafir

Saha nu nyieun syaréat musyawarah ? Jawab, Alloh

Naha meunang pikeun manusa nyieun syaréat ? Jawab, teu meunang

Kadua,

Musyawarah kubro, dilakukeun pakait jeung pangaturan umat. Nu ngalakonanana ahlul halli wal ‘aqdi ti para ulama, jalma-jalma ikhlas jeung sholeh. Anapon démokrasi nu ngalakonanana jalma-jalma nu bisa kafir, bisa jahat, bisa jahil jeung sagala rupa jalma. Di hareupeun démokrasi, sora hiji ulama sarua jeung sora hiji préman. Sora hiji ‘alim sarua jeung sora hiji jahil. Naha bisa disaruakeun antara saurang mu’min nu sholeh jeung hiji préman?

Naha pantes Kami ngajadikeun jalma-jalma Islam eta sarua jeung jalma-jalma nu boga dosa (kafir)? Naha maraneh (bet ngalakukeun hal ieu)? Kumaha maraneh nyieun kaputusan?”(Al Qalam 25-26)

Naha pantes kami nganggap jalma-jalma mu’min jeung nu ngalakukeun amal sholéh sarua jeung jalma-jalma nu nyieun karusakan di bumi? Naha pantes Kami nganggap jalma-jalma nu takwa sarua jeung jalma-jalma nu ngalakukeun maksiat?” (Shad 28)

Katilu,

Ahlu musyawarah bakal ngamusyawarahkeun naon-naon anu masih samar tina perkara-perkara anu hak. Maranehna ngan saukur ittiba’ (nurut) jeung nyonto, teu ngadatangkeun hukum-hukum anu nyimpang tina hukum Alloh. Anapon para démokrat bisa ngahalalkeun anu haram jeung ngaharamkeun anu halal.

Kaopat,

Musyawarah henteu fardhu jeung teu wajib satiap mangsa. Hukumna bisa wajib, bisa teu wajib. Ku kituna Rosululloh Sholallohu ‘alaihi wassalam ngalakukeun musyawarah dini hiji perang tapi teu ngalakukeun dina perang nu séjén. Sedengkeun démokrasi hiji kawajiban pikeun pengikutna. Padahal singsaha anu ngawajibkeun naon-naon anu teu diwajibkeun ku Alloh berarti manehna geus memperbudak manusa.

Kalima,

Démokrasi artina kakawasaan ti rahayat pikeun rahayat. Sedengkeun Syuro indit tina musyawarah. Di jerona euweuh unsur nyieun hukum nu euweuh asalna tina syariat. Nu aya ngan silih tulung dina neuleuman al haq, mulangkeun hal-hal anu anyar kanu geus perkara-perkara anu geus dipikanyaho.

Kagenep,

Démokrasi dumasar kana hukum mayoritas. Sabanerna kumaha kaayaan mayoritas jalma nu aya di dunya?

“Jeung mun maraneh nurutan kaloobaan jalma di ieu bumi, tinangtu maranéhna bakal nyasabkeun maranéh ti jalan Alloh”(Al An’am 116)

“Jeung kaloobaan jalma moal ariman sanajan maneh sakitu mikahayangna”(Yusuf 103)

“Saestuna Alloh boga karunia pikeun manusa tapi kaloobaan jalma teu bersyukur”(Al baqarah 243)

“Ucapkeun: Sadaya puji kagungan Alloh, tapi kaloobaan jalma teu paham” (Al Ankabut 63)

“jeung kaloobaan ti maranehna teu ariman ka Alloh tapi malah nyarékatkeun Alloh”(Yusuf 106)

Mayoritas jalma nu aya di alam dunya teu ariman, teu bersyukur, jahil, jeung musyrik. Naon hasilna lamun hiji hukum didasarkeun kana mayoritas jalma anu sigakieu.

PEMILU MANGRUPAKEUN PERKARA IJTIHADIYAH

Kana satiap perkara anu “anyar” kudu dipulangkeun kana kaidah-kaidah agama anu inti jeung universal. Ti dieu para ulama nangtukeun naha éta perkara kaasup kana hal anu mubah, wajid, makruh atawa haram. Sakumaha disebutkeun diluhur, sabenerna perkara pemilu ieu lain perkara anyar sabat Islam geus nangtukeun kaidah-kaidah pikeun ngatur umat oge cara milih pamingpin.

NIAT NGILU PEMILU HADE, PIKEUN MEMENER IEU NAGARA

Aya dua syarat hiji amal ditarima,

  1. Ikhlas nyaéta ngalaksanakeun amal bari ngan saukur néangan ridho Alloh
  2. Ittiba’, saluyu jeung Al Qur’an & As Sunnah

“Singsaha nu ngaaya-ayakeun hiji perkara anyar dina urusan Kami tinangtu bakal ditolak”(Muttafaq ‘alaih ti Aisyah Rodiallohu ‘anha)

“Singsaha nu ngalaksanakeun amal ku amalan nu lain ti agama Kami tangtu ditolak”(Shahih Muslim)

Amal teu bisa ngan didasaran ku niat hadé tapi kudu kucara anu saluyu jeung AL Qur’an ogé As Sunnah.

MUN TEU ILUBIUNG DINA PEMILU, KUMAHA UMAT ISLAM REK BISA NGAROBAH IEU NAGARA, BOGA KAKAWASAAN PIKEUN NANJEURKEUN BEBENERAN ?

“Alloh geus jangji ka jalma-jalma nu ariman di antara maraneh jeung ngalakonan amal sholéh yén Anjeuna bener-bener bakal ngajadikeun maranéhna kawasa di bumi, sakumaha Anjeuna geus ngajadikeun jalma-jalma nu saencana, kawasa, jeung satemenna Anjeuna bakal mancegkeun pikeun maranehna agama nu geus dipikaridho ku Anjeuna pikeun maranéhna, jeung Anjeuna bener-bener bakal nukeur (kaayaan) maranéhna tina kaayaani kasieunan kana (kaayaan) aman. Maranéhna tetep nyembah Kaula jeung teu nyarékatkeun naon-naon ka Kaula. Jeung singsaha anu kafir saanggeus (jangji) éta, tingantu maranéhna mangrupakeun jalma-jalma nu fasik”(An Nur 55)

Naha mana nu leuwih dipercaya Jangji Alloh atawa Jangji Caleg? Jangji Alloh atawa jangji Cabup?

Kumaha carana supaya jangji Alloh tinekanan? Dumasar kana ayat diluhur aya dua syaratna

  1. Iman, kucara ngamurnikeun tauhid boh tauhid uluhiyyah boh tauhid rububiyah
  2. Ngalaksanakeun Amal Shaléh

Mangga lenyepan ucapan Muhammad Nashiruddin Al Albani rohimahulloh:”Tanjeurkeun daulah Islamiyyah dina diri aranjeun, tinangtu bakal nanjeur daulah islamiyah di nagara aranjeun!”

Kumaha urang bisa nanjeurkeun Islam lamun berjuang maké hukum kafir?

Kumaha urang rék ngarepkeun boga nagara Islam mun urang Islamna sorangan teu nanjeurkeun Islam na dirina sorangan?

Kumaha urang bisa dipercaya nyekel kakawasaan ku Alloh, mun dititah ngumpul di masjid pikeun sholat jamaah waé teu bisa nyumponan?

Dina poe ieu ku Kaula geus disampurnakeun pikeun maranéh agama maranéh jeung geus disampurnakeun nikmat-Kaula pikeun maranéh jeung Kaula ridho Islam jadi agama maranéh”(Al Maidah 3)

Sumber Bacaan : Tanwir Azh-Zhulumat bi Kasyfi Mafasid wa Syubuhat al-Intikhabaat, Abu Nashr Muhammad bin Abdillah Al Imam

Kulantaran démokrasi geus jéntré mangrupakeun hukum kuffar nu teu luyu jeung Islam, teu sakuduna démokrasi dipakuat-kaitkeun jeung Islam. Sakali deui pamugi ka para caleg, anggota partai teu kedah ngagunakeun atribut-atribut Islam dina ngalakonan démokrasi. Komo bari nyebatkeun yén wajib hukumna ngiluan démokrasi. Mun rék nitah WNI ngilu nyoblos, cukup ku nyieun UU sékuler : Satiap WNI wajib nyoblos, mun teu nyoblos dipenjara sakitu taun.

Démokrasi teu jauh ti :lobi, koalisi, jual meuli posisi, fitnah (silih serang lawan), tipu daya jeung sajabana. Mangga titénan kusadayana.