Kamis, 11 Desember 2008

Nu Kabelejog

Panonpoe geus lengser ngulon. Kalangkang jelema panjangna geus meh sarua jeung jangkungna jelema. Di

hiji pasar anu katelah pasar klandasan, dihareupeun salah sahiji toko kolontong katingali aya hiji

lalaki keur memeres daganganana. Tina warna kulit na nu rada hideung jeung buukna nu galing oge ditambah

ku logat ngomongna, bisa kanyahoan yen ieu lalaki tengah tuwu teh lain urang balikpapan asli tapi urang

butun nu bubuara di balikpapan. Kaitung loba urang butun nu bubuara di balikpapan. Teu heran lantaran

pulo sulawesi jeung balikpapan ngan di pisah ku selat anu bisa di peuntasan ku parahu leutik. Komo

ayeuna aya kapal feri cepat ti sulawesi ka balikpapan. Lolobana urang butun anu bubuara ka balikpapan

asalna patani. Sanggeus bubuara, loba nu jadi kuli kasar, mun nu awewena loba nu jadi tukang nyeuseuh

atawa pembantu rumah tangga. Tapi loba oge nu dagang, malah aya sababaraha tempat nu dipake dagang ku

urang butun dina wanci kasorenakeun anu sering disebut pasar butun. Ieu pasar ayana ngan wanci sore,

biasana nu dijual hasil tatanen sarupaning sayuran jeung bungbuahan. Balik deui ka lalaki nu keur

mereskeun daganganana, manehna nutupan barang daganganana nyaeta gedang ku terpal warna bulao. Sanggeus

rengse nutupan gedang, manehna gura giru meuntas jalan raya nuju ka Masjid At Taqwa anu keur direnovasi.

Di buruan masjid, katingali aya si mamang keur jualan siomay alias baso tahu. Dina dorongan tempat

siomay aya tulisan ngajeblag G A R S E L A. Moal salah, si mamang teh urang garut selatan nu keur

bubuara di balikpapan ngahaja nyiar rejeki pikeun kirimaneun ka kulawargana anu keur nungguan di lembur.

Salian ti sababaraha tukang siomay nu dina doronganana ditulisan GARSELA aya oge urang sunda nu bubuara

di balikpapan ngadon dagang kadaharan, nyaeta tukang robak alias Roti Bakar. Dina doronganana biasana

ditulis Roti Bakar Khas Bandung. Tapi mun pas nanya kanu dagang, "Dupi akang di bandung na dimana

Kang?". Jawabna "Abdi mah di bandung na di Majalengka". Kakara apal geuningan Majalengka teh kaasup

wewengkon kota bandung he he he..:-) Balik deui ka si mamang, sanggeus ngider kaditu kadieu, biasana mun

pareng mangsa ashar sok ngahaja dagang teh ka Mesjid. Katingali mun adzan geus dihaleuangkeun buru-buru

wudhu. Atuh mun geus rengse sholat jamaah langsung ngider deui.

Nincak mangsa ashar, Muadzin matuh masjid At Taqwa ngajomantarakeun adzan kanu sapeker. Sorana nu tarik

aweuhan ka sabudeureun masjid. Silih tembalan jeung adzan ti masjid lianna.

Di hiji rohangan anu panggedena di lantai pangluhurna salah sahiji gedong perkantoran anu aya di

sagigireun masjid At Taqwa, Pak Edi keur sibuk nganggeuskeun pagaweanana. Sanggeus lulus ti salah sahiji

paguron luhur nu kawentar di bandung sarta meunang gelar insinyur, terus digawe salila lima welas taun

di perusahaan nu asalna milik asing, ayeuna Pak Edi meunang kalungguhan menejer. Meunang gajih meh nepi

ka angka tilu puluh juta. Ka kantor make mobil buatan eropa meunang meuli ku duit tunjangan trasport

jatah ti perusahaan. Mingkin luhur kalungguhan mingkin loba pagawean anu kudu diurus, sanajan ngan

saukur jadi koordinator. Purah tutah titah ka anak buahna pikeun ngarengsekeun pagawean manehna. Sora

Adzan ti masjid At Taqwa kadenge jelas ku Pak Edi. Tapi teu jadi soal, teu ngajadikeun eureun ngagawean

hanca pagaweanana. Komo ieu, pagaweanana keur ditungguan ku bosna nu di jakarta. Ashar ? Biasana jam

lima kakara ngalaksanakeun ashar sanggeus hanca pagawean rengse.


Naha urang butun nu ngan dagang gedang jeung si mamang nu ngan saukur dagang siomay leuwih sumanget dina

ibadah tibatan menejer nu gajina ampir tilu puluh juta ? Naha lain kuduna nu leuwih loba hartana nu

leuwih soson-soson dina ibadah ?

SAESTUNA JANJI ALLOH BENER, KU KITUNA ULAH SAKALI-KALI MARANEH KABELEJOG KU KAHIRUPAN DUNYA JEUNG ULAH

KABELEJOG KU TUKANG TIPU (SYETAN) DINA (TAAT) KA ALLOH [QS LUQMAN 33]

Urang sarerea kudu ati-ati tina fitnah dunya jeung ulah sakali-kali gumantung kana kahirupan dunya. Lain

artina teu meunang dahar jeung nginum, teu meunang usaha nyiar harta, tapi maksudna ulah sakali-kali

hate urang gumantung kana harta. Urang teu meunang titeuleum kana kahirupan dunya bari ngalalaworakeun

ibadah ka Alloh.


Ti Abu Sa'id Al Khudri rodiallohu 'anhu, anjeuna nyarita,"Rosululloh sholallohu 'alaihi wassalam khutbah

dihareupeun jalma-jalma, terus ngadawuh,"Demi Alloh, Euweuh naon-naon anu ku kaula paling dipikasieun

bakal tumiba ka maraneh, Hei Manusa, iwal ti naon-naon nu ku Alloh dikaluarkeun ka maraneh tina

perhiasan dunya (Muttafaq alaih, HR Ibnu Majah No 4066)

Rosululloh sholallohu 'alaihi wassalam ngadawuh :"Saestuna Demi Alloh, lain kamiskinan nu kukaula

dipikasieun tumiba ka diri maraneh, tapi nu ku kaula dipikasieun ka diri maraneh nyaeta di amparkeuna

legana dunya ka diri maraneh sakumaha diamparkeunana ka jalma-jalma saacan maraneh, nu ngabalukarkeun

maraneh silih paheula-heula meunangkeunana, sakumaha maranehna (jalma-jalma saacan maraneh) paheula-

heula silih parebut. Nepi ka ngabinasakeun maraneh, sakumaha legana dunya geus ngabinasakeun maranehna

(diriwayatkeun ti Amru bin Auf, Muttafaq alaih, HR Ibnu majah No 4068)

Urang kudu ngeunteung ka tukang gedang. Nu sanajan hirupna masakat tapi tetep taat. Urang kudu guguru ka

tukang baso tahu. Nu sanajan hirup pinuh ku kasusah tapi tetep bisa istiqomah.

ALLOHUMMA INNI AS ALUKA 'ILMAN NAFIA' WA RIZQON THOYYIBA WA 'AMALAN MUTAQOBBALA
YA ALLOH SAESTUNA SIMABDI NYUHUNKEUN ELMU NU MANFAAT, JEUNG RIZKI ANU HADE, JEUNG AMAL NU DITARIMA
(HISHNUL MUSLIM)


Mudah-mudahan urang sadayana dipaparinan rizki anu manfaat. Rizki nu ngajadikeun urang leuwih soson-

soson dina ibadah. Rizki nu ngajadikeun urang langkung iman tur taqwa. Amiinn...

Selasa, 25 November 2008

Nu Suci tapi dianggap najis

Asal hukum sakabeh Dzat Suci nepikeun ka aya dalil nu mertelakeun yen eta dzat najis.
Dzat-dzat anu kotor saperti leutak sawah, oli jeung sajabana teu mangrupakeun najis.

Di handap ieu aya sababaraha dzat anu sering dianggap najis tapi sabenerna teu najis.

1. Mani
"Al qomah jeung Al Aswad nyarita, 'aya saurang jalma nu pernah mampir ka Aisyah. Dina mangsa isuk-isuk, Anjeuna keur

nyeuseuh bajuna. Aisyah nyarita : 'Saestuna cukup keur maneh pikeun nyeuseuh tempatna (nu keuna ku mani). Mun maneh teu

nempo mani, kecretan sakurilingna. Kaula geus pernah ngorek-ngorek mani tina pakean ROsululloh sholallohu 'alaihi

wassalam, terus Anjeuna sholat make pakean eta" (Shahih Muslim No 288)

Imam Ash Shon'aniy nyarita dina subul As Salam yen para ulama syafi'iyyah nyarita : hadits-hadits nu ngumbah mani lain

dalil ngeunaan najisna mani tapi ngan saukur netelakeun yen ngumbah mani mangrupakeun hal anu sunnah (mandub)

2. Minuman Khamr

Di antara ulama anu nyebutkeun yen khamr najis dumasar kana QS Al maaidah :90,
"Hey jalma anu ariman, saestuna khamr, judi, tapekong, (ngundi nasib ku) panah kaasup najis tina kalakuan syetan...."
Najis nu dimaksud didieu lain najis sacara hissiyah (dzat) tapi najis hukmiyah (maknawi). Mun Khamr dianggap najis

tangtu judi, tapekong jeung panah oge kaasup najis. Padahal henteu kitu.

Syaikh Husain bin 'Audah Al 'Awasiyah nyarita,"Kitu oge Nu haram teu kudu jadi najis. Mun henteu, tangtu jadi najis

indung, anak awewe, lanceuk awewe, jeung bibi lantaran Alloh ngadawuh dina An Nisa ayat 23 :
"Diharamkeun pikeun maraneh, indung-indung maraneh, anak-anak maraneh nu awewe, dulur-dulur bapa maraneh nu awewe....."

3. Kotoran sato nu bisa didahar

Sato-sato sabangsa hayam, bebek, embe, sapi jeung nu lianna nu bisa didahar, tai jeung kiih na teu kaasup najis.

"Anas bin Malik nyarita : Aya sababaraha jalma ti Uroinah nu datang ka Rosululloh sholallohu 'alaihi wassalam. Tapi

maranehna teu cocok jeung cuaca kota madinah. Rosululloh sholallohu 'alaihi wassalam nyarita ka maranehna "Mun maraneh

arek indit, coba kaluar ka onta shodaqoh (hasil zakat) terus ku maraneh inum susu jeung kiihna" Maranehna ngalakukeun nu

diparentahkeun, terus maranehna jadi sehat (Shohih Bukhari No 233 & Shohih Muslim No 1671)

Mun kiih onta jeung sato sabangsana najis, tangtu Nabi sholallohu 'alaihi wassalam moal marentahkeun maranehna ngimun

cikiih onta, lantaran moal mungkin Nabi sholallohu 'alaihi wassalam nitah nyiar ubar ku barang anu najis sakumaha ucapan

Abdullah bin Mas'ud :"Alloh moal ngajadikeun ubar tina naon-naon anu diharamkeun ka maraneh" (Al Bukhori dina kitab AL

Asyribah)



4. Bangke sato nu euweuh getihan.

Nabi sholallohu 'alaihi wassalam ngadawuh :'Mun laleur ragrag kana cai nginum saurang di antara maraneh, gancang

lelepkeun terus piceun. Lantaran dina salah sahiji jangjangna aya panyakit jeung dina jangjang nu lainna aya obatna'

(Shohih Bukhori No 3320)

Ibnu Hajar Al Asqolaniy nyarita :"Hadits ieu dijadikeun dalil yen cai nu saeutik teu jadi najis lantaran ragragna sato

nu euweuh getihan nu ngalir dina cai" (Fathul Bari)

5. Getih salian ti getih haidh jeung nifas

Al Miswar bin Makromah nyarita :
"Kuring pernah asup bareng jeung Ibnu Abbas nepungan Umar nalika anjeuna ditubles. Terus kami nyarita "Waktu sholat geus

datang" Umar nyarita, "Saestuna euweuh bagian tina Islam pikeun jalma nu ngalalaworakeun sholat" Terus anjeuna sholat,

sedeng tatuna ngucurkeun getih (HR Abdur Rozzaq, Daruquthniy jeung Ibnu Abi Syaibah)

Naon anu dipigawe ku Umar Rodhiallohu anhu netelakeun yen getih salian haidh jeung nifas teu kaasup najis

5. Utah Manusa

Euweuh dalil anu shahih anu netelakeun yen Utah manusa kaasup najis. Sakumaha nu disebutkeun ku Ibnu Hazm (Al Muhalla)

jeung Imam Asy Syaukaniy (Ad Duror Al Bahiyah)

6. Kesang jalma junub jeung awewe haidh

Ti Abu Hurairah,
"yen nabi sholallohu 'alaihi wassalam pernah nepungan manehna dina sawareh jalan jalan kota madinah, sedeng manehna (Abu

Hurairah) junub. Terus kuring mundur ti Nabi sholallohu 'alaihi wassalam. Terus Abu Hurairah indit mandi, terus manehna

datang. Nabi sholallohu 'alaihi wassalam ngadawuh "Dimana maneh tadi ya Abu Hurairah?' Jawab Abu Hurairah "kuring tadi

junub, kuring ngewa mun kuring maturan Anjeun diuk bari teu suci. Nabi sholallohu 'alaihi wassalam ngadawuh :"

Subhanalloh, saestuna saurang muslim teu najis" (Shohih Bukhari No 283 & Shohih Muslim No 372)


sumber :
http://almakassari.com/?p=298
http://almakassari.com/?p=295

Kamis, 20 November 2008

Nyiar Pibekeleun

"Din, lain ari urang jarang pisan papanggih. Padahal akang teh sering ulin ka imah silaing, tapi ampir teu pernah paamprok jeung silaing kitu oge jeung pamajikan silaing. Ngan paamprok jeung budak we jeung pembantu silaing. Na ari dines di rumah sakit teh beurang peuting?"

"Kang, ari dines di rumah sakit mah ngan beurang wungkul sih. Tapi balik ti rumah sakit, jam 2-an kuring teh praktek di apotik kimia farma. Tah peutingna nepi jam 10-an praktek di klinik asy syifa"

"Ari pamajikan silaing?"

"Atuh pamajikan nya sarua oge, malah mah bareng praktek na jeung kuring nepi ka peuting oge"

"Lain ari gajih ti rumah sakit masih keneh kurang? Da silaing nyiar duit teh pan teu sabeulah. Tapi kenca katuhu. Kaitung salaki jadi pamajikan dokter mah meureun. Iyeu mah meureun. Mun ngandelkeun gajih wungkul ge geus nyukupan keur hirup teh. Jaba anak kakara hiji jeung masih keneh leutik"

"Nya ari keur dahar mah leuwih ti cukup kang. Tapi pan pangabutuh teh teu ngan saukur dahar. Indungna si jacky hayang ganti mobil, atuh kuring boga maksud rek ngagedean imah"

"Din, akang mah moal nyaram maneh jeung pamajikan toh-tohan nyiar dunya. Tapi tong poho euy kana tujuan urang hirup. Urang oge tong poho yen urang hirup di dunya teh teu lana. TIAP-TIAP JIWA BAKAL NGARASAKEUN PAEH. JEUNG SAESTUNA NGAN DINA POE KIAMAT DISAMPURNAKEUN PAHALA ARANJEUN. SINGSAHA DIJAUHKEUN TI NARAKA JEUNG DIASUPKEUN KASAWARGA, MANEHNA BENER-BENER GEUS MUJUR. KAHIRUPAN DUNYA NGAN SAUKUR KASENANGAN NU NYILAKAKEUN (ALI IMRON 185).
Urang diwenangkeun pikeun nyiar kahirupan di dunya, tapi nyiar dunya ieu ulah nepi keun kan ngelehkeun nyiar akherat. JEUNG TEANGAN NAON NU DI ANUGERAHKEUN ALLOH KA ANJEUN NAGRI AHERAT JEUNG ANJEUN TONG MOPOHOKEUN BAGEAN ANJEUN TI DUNYA (AL QASHASH 77)
Da di dunya urang moal lana, sedengkeun nu langgeng mah urang teh di akherat. Sapoe di aherat sarua jeung lima puluh rebu taun di dunya. Sedengkeun urang paling banter hirup teh ngan tujuh puluh lima taun. Ku kituna urang ulah mentingkeun teuing dunya bari ngalalaworakeun aherat. Ku inget kumaha sakeudeungna hirup dunya jeung lilana hirup di aherat, tangtu urang kudu nyiar bekel teh leuwih loba nyiar bekel keur di aherat engke tibatan nyiar bekel keur di dunya. TAPI MARANEH MILIH KAHIRUPAN DUNYA, PADAHAL KAHIRUPAN AHERAT LEUWIH HADE JEUNG LEUWIH LANGGENG (AL A'LAA 16-17)
Urang kudu inget kana naon tujuan mimiti urang diciptakeun. JEUNG KAULA TEU NYIPTAKEUN JIN JEUNG MANUSA, IWAL TI PIKEUN IBADAH KA KAULA (ADZ DZARIYAT 56)
Tah ku kituna, naon nu ku urang diteangan di dunya ieu, kuduna ngan saukur pikeun ngarojong ibadah ka Alloh. Ayeuna maneh digawe toh tohan tepi ka teu inget waktu. Tepi ka anak teu dipirosea. Inget Din, najan sakumaha lobana harta banda ge tetep moal dibawa ka jero kubur. Atuh ceunah silaing toh-tohan nyiar dunya pikeun bekel ke kolot, da tana wuruh umur silaing nepi ka kolot. Saha nu nyaho isuk pageto silaing teh geus dimandikeun jeung di sholatkeun.
Urang memang lolobana serab ku kahirupan dunya. Padahal kanikmatan nu aya di dunya teh euweuh nanaonna mun dibandingkeun jeung kanikmatan nu dijangjikeun ku Alloh di aherat nu disadiakeun pikeun jalma-jalma mu'min. Mun urang bener-bener yakin kana ayana kahirupan aherat, kuduna toh-tohan teh nyiar bekel keur aherat lain keur dunya. Dunya mah ngan digunakeun pikeun ngarojong amal ibadah urang. Tapi tujuan utama mah tetep aherat.
Ari kanyataan nu aya papalingpang jeung eta. Urang ngajadikeun amal ibadah teh ngan ukur sampingan, ngan ukur sarat, ngan ukur ngalakonan anu wajib. Sholat sering dilalaworakeun. Berjamaah di masjid geus tara dilakonan da teu ari ku nyiar dunya. Nungtut elmu agama keur bekel aherat teu dipentingkeun teu cara nungtut elmu keuh kahirupan dunya. Silaing sakola erep mangjuta-juta pikeun kuliah kedokteran, supaya bisa nyiar duit nu loba. Tapi nungtut elmu agama mah ngan sakali saminggu pas poe jumaah, kitu ge sok tara sempet ngadengekeun khutbah da datang na teh nga pas sholatna wungkul. Ari pas datang keur khutbah langsung ngaguher.
SINGSAHA NU ALLOH PIKAHAYANG PIKEUN MEUNANGKEUN KAHADEAN, ALLOH FAQIHKEUN DINA AGAMA (SHAHIH BUKHARI NO 69, SHAHIH MUSLIM NO 1718 TI SAHABAT MU'AWIYAH BIN ABU SUFYAN RODHIALLOHU ANHUMA)
SINGSAHA NYORANG JALAN DINA RARAGA NYIAR ELMU TANGTU ALLOH GAMPANGKEUN JALANNA KA SAWARGA (SHAHIH MUSLIM NO 4867 TI SAHABAT ABU HURAIRAH RODHIALLOHU ANHU)
NUNGTUT ELMU WAJIB PIKEUN SATIAP MUSLIM (SUNAN IBNU MAJAH TI SAHABAT ANAS BIN MALIK RODHIALLOHU ANHU)
Ku kituna, sakali deui Din, akang mah ngelingan ka silaing ku rasa nyaah jeung deudeuh ka silaing. Tong popohoan teuing nyiar dunya tapi kudu inget nyiar bekel keur akherat. Digawe ulah beurang peuting teuing. Si jacky kudu diperhatikeun oge kumaha atikanana. Bener ari soal daharna mah teu kalalaworakeun da bubuhan aya pembantu di imah. Tapi tetep kawajiban silaing pikeun mere atikan anu bener ka manehna. Geus loba bejana mun salaki jeung pamajikan sibuk digawe, anak jadi katompernakeun. Tungtungna anak jadi tigebur kana narkoba, seks bebas, jeung kamaksiatan sejenna"

"Hatur nuhun kang, kana pangeling-ngelingna. Memang sih kadang kala mah kuring ge ngarasa asa cape ngudag-ngudag dunya teh. Tapi kumaha nya, da dijurung ku kahayang nu loba. Hayang ieu hayang itu. Geus boga motor hayang mobil, geus boga mobil hayang ganti nu leuwih alus. Bisa ngontrak imah hayang boga sorangan nepi ka ngiridit ka bank. Geus boga imah sorangan hayang nu leuwih alus"

"PAAGRENG-AGRENG GEUS NALOBEHKEUN MARANEH. NEPI KA MARANEH ASUP KA JERO KUBUR. TONG KITU, ENGKE MARANEH BAKAL NYAHO. JEUNG TONG KITU, ENGKE MARANEH BAKAL NYAHO. TONG KITU, MUN MARANEH NYAHU KU PANGAWERUH NU YAQIN. TANGTU MANEH BAKAL BENER-BENER NEMPO NARAKA JAHIIM. JEUNG SAESTUNA MARANEH BAKAL BENER-BENER NEMPO KU AINUL YAQIN. TERUS MARANEH PASTI BAKAL DITALEK DINA ETA POE NGEUNAAN KANIKMATAN (NU MARANEH PAAGRENG-AGRENG DI DUNYA (AT TAKAATSUR 1-8)"

Selasa, 18 November 2008

Sumanget

Mang Uking sumanget pisan narokan kai tangkal rambutan.
Teu malire panonpoe anu keur ereng-erengan.
teu malire kesang anu maseuhan sakujur awakna.
Waktu ditanya "Mang meuni sumanget kitu digawe teh?"
Pokna "Sumanget atuh jang, pan ke mun geus rengse amang bakal meunang buruhan, lumayan keur meuli beas jeung laukna"

Malem minggu Kang Gin Gin sore keneh geus saged.
Make pakean anu perlente.
Buuk diminyakan, disisir beulah tengah.
Make parfum Hugo Boss anu kaambeu ti jarak 500m.
Waktu ditanya "Kang meuni sumanget kita, aya acara naon yeuh?"
Pokna "Eh pan malem minggu ieu teh, Akang rek nepungan si Neneng anak Pak Camat"

Jang Ihin sakola di salah sahiji SMA favorit di Kota Kembang.
Bubaran sakola jam 2 manehna jeung babaturanana langsung indit ka tempat Bimbel.
Jam 5 bubaran Bimbel, langsung mulang.
Jam 7 saanggeus sholat Isya langsung ngapalkeun palajaran nepi ka jam 10 peuting.
Waktu ditanya "Jang, meuni sumanget kita diajar teh?"
Pokna "supaya lulus UMPTN Kang, mun asup PTN mah pan engkena gampang neangan gawe teh"

Naon anu ngalantarankeun timbulna sumanget?
Geuningan harepan, harepan bakal meunang naon-naon anu dipikahayang.
Tapi naha urang ngalalaworekeun harepan ti Alloh anu jangjina pasti moal jalir.
Naha urang teu sumanget indit ka masjid pikeun solat subuh berjamaah padahal balesanana surga.
Naha urang teu soson-soson diajar elmu agama anu ganjaranana surga.
Naha urang teu sumanget hudang tengah peuting pikeun tahajud padahal Alloh geus ngajangjikeun surga.
Naha ? Padahal kanikmatan surga jauh leuwih gede tibatan sakabeh kanikmatan anu aya didunya.

Disadiakeun bidadari anu geulisna euweuh bandinganana, anu tetep parawan, masih ngora, kulitna mulus, panonna cureuleuk, romantis, pinuh ku cinta,hade ahlakna, montok pinareupna.

Disadiakeun kadaharan anu nikmatnya euweuh bandinganana. aya daging, aya buah-buahan anu nikmatna euweuh bandinganana. Aya anggur anu teu mantak mabok jeung seungitna siga kasturi. Piringna tina emas, gelasna oge tina emas.

Disadiakeun karaton pikeun tempat cicingna. pakeanana warna hejo tina sutra. Geulangna tina emas. Mahkotana pinuh ku inten jeung mutiara. Kasurna luhur, kandel jeung empuk. dipanna dihias ku inten jeung emas dilapis ku mutiara.


Baraya hayu tingkatkeun sumanget ibadah ka Alloh nu ganjaranana surga nu euweuh bandinganana.


(Mangga baca kitabna Ibnu Qayyim : Tamasya ka Surga)

Istri Shalehah

"Neng, tanggal sabaraha rek nikah teh?"

"Insya Alloh Kaping 10 bulan ieu Wa. Dinten minggu"

"Acarana dimana?"

"Ah, di bumi pun bapa we Uwa. Margi da teu seueur nu diulem na oge. Acarana oge sederhana. Saur pun biang, daripada dianggo ngayakeun acara pesta langkung

sae waragadna di angge kanggo bekel rumah tangga"

"Sae Neng. Da lana henteu na rumah tangga mah teu ditangtukeun ku rame jeung henteuna pesta. Seueur nu pesta na mewah tapi rumah tangga teh awet rajet tur

teu lana."

"Uwa mah rek menta dihampura ka eneng. Hampura teu bisa mekelan nanaon, ngan bisa ngajurung ku pidua supaya rumah tangga teh runtut raut sauyunan. Atuh eneng

ku uwa di duakeun sing bisa jadi istri nu shalehah. Mun eneng hayang nyenangkeun salaki, teu cukup ku kageulisan, teu cukup ku gelar anu loba, tapi kudu

jadi istri anu shalehah. Kunaon kageulisan teu bisa nyenangkeun nu jadi salaki ? sabab kageulisan mah teu lana. Mingkin kolot jalma mah sok ngagorengan

sorangan. Tah mun heug salaki urang nyaah ka urang teh ngan saukur dumasar kana kageulisan, atuh meureun nyaah teh ngan pas keur ngora wungkul, pas geus

kolot mah salaki bisa-bisa neangan deui nu leuwih ngora, nu masih keneh seger.
Gelar nu loba, turunan nu alus, ieu ge teu bisa dipake piken nyenangkeun nu jadi salaki. Nu bisa nyenangkeun salaki mah jeung sakaligus manjangkeun rumah

tangga ngan saukur jadi istri shalehah.
SAESTUNA DUNYA TEH PERHIASAN JEUNG SAHADE-HADENA PERHIASAN NYAETA ISTRI SHALEHAH (SHAHIH MUSLIM NO 1467 TI ABDULLAH BIN AMR RODHIALLOHU ANHUMA)
NAHA ARANJEUN HAYANG NYAHO NGEUNAAN BANDA NU PANGALUSNA PIKEUN HIJI LALAKI NYAETA ISTRI SHALEHAH NU MUN DI TEMPO BAKAL NYENANGKEUN, MUN DIPARENTAH BAKAL TAAT

JEUNG MUN SALAKINA INDIT MANEHNA BAKAL NGAJAGA DIRINA (SUNAN ABU DAUD NO 1417)
Mun heug salaki urang dibere rejeki harta nu loba can tangtu bakal bisa nyenangkeun hatena, tapi mun eneng bisa jadi istri nu shalehah bakal bisa nyenangkeun

salaki.
Terus kumaha atuh carana jadi istri nu shalehah
1. TAAT IBADAH KA ALLOH

2. ISTRI SHALEHAH NYAETA NU TAAT JEUNG NGAJAGA DIRI MANGSA SALAKINA EUWEUH (AN NISA 34) Naon anu diparentahkeun ku salaki di tedunan salila lain perkara

maksiat. Mun salaki tutah titah kudu geura dilaksanakeun. Ulah ngarasa wegah sanajan cape. Kajaba mun urang teu bisa ngalaksanakeun anu anu diparentah ku

salaki. Terus mun salaki kaparengan euweuh poma jaga kahormatan urang. Ulah dijadikeun kasempetan, mangpang meungpeung euweuh salaki, ber ulin kaditu kadieu

bari teu menta idin heula. Komo bari nepungan babaturan nu lalaki, nu mun heug salaki nyaho bakal jadi pipaseaeun lantaran timburu atawa balukar nu leuwih

goreng deui nyaeta laku serong.

3. Ngalayanan pangabutuh salaki. Saperti nyadiakeun daharna, tempat sarena, pakaianana. Tong ngarasula sanajan cape komo bari ka ngenta pembantu sagala.

Sakumaha dawuhan Rosululloh mangsa anakna Fatimah ngenta pembantu ka Rosululloh : NAHA ANJEUN HAYANG DITUDUHKEUN NAON NU LEUWIH HADE TIBATAN SAURANG

PEMBANTU? MUN ARANJEUN DATANG KA TEMPAT SARE ATAWA HAYANG NGAGOLEDAG, BACA ALLOHU AKBAR 34 KALI, SUBHANALLOH 33 KALI JEUNG ALHAMDULILLAH 33 KALI. IEU LEUWIH

HADE KEUR ARANJEUN TIBATAN SAURANG PEMBANTU (SHAHIH BUKHARI NO 6318 & SHAHIH MUSLIM NO 2727)
Dawuhan Rosululloh : TEMPO DIMANA ANJEUN KA SALAKI ANJEUN, LANTARAN MANEHNA MANGRUPAKEUN SURGA JEUNG NARAKA ANJEUN (HADITS IBNU ABI SYAIBAH DI SHAHIHKEUN KU

SYAIKH AL ALBANI DINA ADABUZ ZIFAF)
Ku kituna, urang kudu bener-bener jadi pelayan pikeun salaki urang. Urang kudu era mun salaki diantepkeun magawe pagawean-pagawean anu kuduna jadi kawajiban

urang.

3. Pinuh ku kadeudeuh, jeung gampang ngenta dihampura ka salaki. Dawuhan Rosululloh : NAHA ARANJEUN HAYANG NYAHO, ISTRI-ISTRI ARANJEUN NU JADI AHLI SURGA

NYAETA ISTRI NU PINUH KU KADEUDEUH, BOGA LOBA BUDAK, JEUNG SALAWAASNA BALIK KA SALAKINA. DIMANA MUN SALAKINA AMBEK, MANEHNA NGADATANGAN SALAKINA BARI NUNDA

LEUNGEUNNA DINA LEUNGEUN SALAKINA BARI NYARITA :'KURING TEU BISA SARE SAACAN ANJEUN RIDHO (HADITS AN NASAI NO 257 DINA ISYRATUN NISA) Mun salaki ambek ka

urang geura buru-buru menta dihampura. Ulah kalah sabalikna, salaki ambek urang pipilueun emosi, embung disalahkeun, nu balukarna nimbulkeun pacogregan. Mun

ngomong ka salaki, poma ulah leuwih tarik ti batan salaki. Ngomong teh kudu leuleuy dibarengan pinuh ku kanyaah.

4. NGAJAGA RUSIAH SALAKI
Komo bari nyaritakeun naon anu dilakonan jeung salakina di ranjang. Dawuhan Rosululloh : TONG MARANEH LAKUKEUN, LANTARAN NU KITU TEH SAPERTI SYETAN JALU NU

AMPROK JEUNG SETAN BIKANG DI JALAN, TERUS SAPATEMON BARI DILALAJOAN KU MANUSA (HADITS IMAM AHMAD)

5. Salawasna ngajaga penampilan. Kudu dijaga supaya salaki resep nempo urang. Dangdan nu geulis, teu kudu make 'make up' nu mahal supaya katempo geulis.

Cukup ku resik, make pakean nu pikaresepen salaki, mun aya make parfum nu seungit. Ulah ieu mah di hareupeun salaki teh bararau haseum, pakean kucel, buuk

awut-awutan. Atuh rek resep kumaha salaki ari unggal poe nempo nu kitu mah. Tapi ari pareng kaluar imah dangdan sataker kebek. Tah mun kieu mah berarti

leuwih mentingkeun salaki batur tibatan salaki sorangan, da geuning ari rek patepung jeung salaki batur dangdan, ari jeung salaki sorangan mah awak ge teu

diberesihan. Atuh ceunah urang rek make pakaian nu seksi supaya salaki resep. Rek make calana pondok, kaos ketat atawa transparan. Teu kunanaon salila di

imah euweuh jalma lian mah.

6. Kudu pinter syukur kana kahadean ti salaki. Dawuhan Rosululloh : DITEMPOKEUN NARAKA KA KAULA, NU NYICINGANANA LOLOBANA AWEWE NU KUFUR. TERUS AYA NU NANYA

'NAHA MARANEHNA KUFUR KA ALLOH?' JAWAB ROSULULLOH :'MARANEHNA KUFUR KA SALAKINA JEUNG KUFUR KANA KAHADEANANA. SAKIRANA SALAH SAURANG TI MARANEH NYIEUN

KAHADEAN KA PAMAJIKANANA SATAUN PINUH, TERUS MANEHNA NEMPO HIJI PERKARA NU TEU DIPIKARESEP TINANGTU MANEHNA NYARITA 'AING TEU PERNAH NEMPO KAHADEAN TI

SILAING SAEUTIK EUTIK ACAN' (SHAHIH BUKHARI NO 29 & SHAHIH MUSLIM NO 907)
ALLOH MOAL NEMPO KA SAURANG PAMAJIKAN NU TEU SYUKUR KA SALAKINA PADAHAL MANEHNA MERLUKEUNANA (HADITS AN NASAI, ASH SHAHIHAH NO 289)

7. Kudu nyumponan pangabutuh batinna. Ulah nolak sanajan cape. Dawuhan Rosululloh :
MUN SAURANG PAMAJIKAN SARE BARI NINGGALKEUN TEMPAT SARE SALAKINA, TINANGTU PARA MALAIKAT NGALAKNAT MANEHNA NEPI KA BALIK (KA SALAKINA) (SHAHIH BUKHARI NO

5194 & SHAHIH MUSLIM NO 1436)
Mun urang rek ngalaksanakeun shaum sunnah mangsa salaki aya di imah, omat kudu menta idin heula. Saha nu nyaho salaki boga pangabutuh ka urang.
TEU HALAL SAURANG ISTRI PUASA SUNNAH SEDENGKEUN SALAKINA AYA IWAL MEUNANG IDIN (SHAHIH BUKHARI NO 5195 & SHAHIH MUSLIM NO 1026)

Tah sakitun Neng, pesen ti uwa mah. Mudah-mudahan rumah tangga eneng bisa jadi rumah tangga nu sakinah mawaddah warahmah"

"Hatur nuhun pisan uwa kana wejanganana, Insya Alloh ku eneng di estokeun pisan. Atuh nyuhunkeun pidu'ana oge supaya eneng tiasa istiqomah ngalakonanana"

MUN SAURANG ISTRI NGALAKONAN SHOLAT LIMA WAKTU, MANEHNA TAAT KA SALAKINA JEUNG NGAJAKA LARANGANANA, TINANGTU MANEHNA BAKAL ASUP KA SURGA RABB-NA TI PANTO MANA WAE NU KU MANEHNA DI PIKAHAYANG (SHAHIH IBNU HIBBAN)

Minggu, 16 November 2008

Nu Nandangan Dodoja

"Hirup teh asa beurat pisan euy. Nete semplek nincak semplak. Dagang ieu rugi, dagang itu tekor. Asa ku hese neangan rizki teh. Jaba panyakit teu cageur-cageur, nyiar ubar mah geus kamana mendi".

"Nya sabar atuh kang, mana kitu ge can waktuna meureun. Insya Allah mun akang usaha soson-soson bari dibarengan ku tawakal mah bakal kacumponan pamaksudan teh. Meureun ayeuna akang teh masih didoja ku Alloh. Pan dawuhan Alloh ge
"JEUNG KAMI BAKAL MERE DODOJA KA ANJEUN KU SAEUTIK RASA SIEUN, LAPAR, KAKURANGAN HARTA, JIWA JEUNG BUNGBUAHAN. JEUNG TEPIKEUN BEJA ANU NGAGUMBIRAKEUN PIKEUN JALMA ANU SALABAR" (1)

"Silaing sih bisa ngomong kitu, nitah sabar. Teu ngarasakeun, nu ngarasakeun mah pan aing sorangan. Aing mah terus terang geus ngarasa bosen hirup teh. Bosen susah teh euweuh eureunna".

"Ulah kitu kang, tong pegat harepan oge tong ngarasa teu tarima naon anu ditakdirkeun ku Nu Maha Kawasa. Sabab mun akang teu tarima akang bakal jadi jalma anu rugi dunya jeung aherat.
"JEUNG DIANTARA MANUSA AYA JALMA NU IBADAH KA ALLOH DINA KAAYAAN DI SISI; MUN MANEHNA MEUNANG KAHADEAN MANEHNA TETEP DINA ETA KAAYAAN JEUNG MUN MANEHNA NGARANDAPAN MUSIBAH, MANEHNA BALIK KA TUKANG. MANEHNA RUGI DI DUNYA OGE DI AHERAT. NU KITU MANGRUPAKEUN KARUGIAN ANU NYATA (2)".
Malahmah salian ti sabar mun urang kaparengan nandangan dodoja urang teh kudu syukur tina dodoja anu ku urang karandapan.
Syukur lantaran di dunya loba dodoja anu leuwih beurat tibatan anu karandapan ku urang.
Jeung syukur lantaran dodoja di dunya leuwih hampang tibatan azab di aherat lantaran kusabab dodoja anu ku urang karandapan dosa-dosa urang bakal dipupus .
Sakumaha dawuhan rosululloh shallallohu 'alaihi wa sallam :
"EUWEUH HIJI MUSIBAH ANU DIRANDAPAN KU SAURANG MUSLIM IWAL ALLOH BAKAL MUPUS DOSANA KULANTARAN ETA MUSIBAH.........." (3)
"SAURANG MUSLIM TEU NGARANDAPAN CAPE, GEURING, SEDIH, GANGGUAN ATAWA GULIGAH RASA NEPI KA KACUGAK KU HIJI CUCUK IWAL TI ALLOH BAKAL MUPUS KU LANTARAN ETA KASALAHAN-KASALAHANANA "(4)

"SALAWASNA MUSIBAH TUMIBA KA SAURANG MUKMIN JEUNG MUKMINAH KANA DIRINA, HARTA JEUNG ANAKNA, NEPI KA MANEHNA PAAMPROK JEUNG ALLOH DINA KAAYAAN TEU BOGA DOSA" (5)

Salian ti mupus dosa, aya kalana malahan dodoja jadi sabab nambahan iman saurang jalma. Hiji dodoja jadi sabab pikeun urang sadar kanu kasalahan-kasalahan anu geus dilakonan.
"JEUNG KAMI DOJA MARANEHNA KU (NIKMAT) NU HADE-HADE JEUNG (MUSIBAH) NU GORENG-GORENG SUPAYA MARANEHNA BALIK (KANA BEBENERAN)" (6)


Rasululloh shallallohu 'alaihi wa sallam oge ngadawuh :

"SAESTUNA GEDENA BALESAN GUMANTUNG KANA GEDENA UJIAN, JEUNG SAESTUNA ALLOH TA'ALA MUN MICINTA KA HIJI KAUM, ALLOH BAKAL NGUJI MARANEHNA (KU HIJI MUSIBAH). SINGSAHA NU RIDHO KEUR MANEHNA KARIDHOAN ALLOH JEUNG SINGSAHA NU MURKA KEUR MANEHNA KAMURKAAN ALLOH(7)

Sakumaha beuratna dodoja anu ku akang ayeuna keur dirandapan pasti akang bakal mampu pikeun ngaliwatanana. Sabab Alloh moal ngabeungberatan hambana salian ti eta hamba bakal sanggup pikeun nandanganana (8)

Aluk mah urang lobakeun ngadoa ka Alloh supaya digampangkeun rezeki urang. Atuh urang oge dibere kasabaran dina nyanghareupan naon wae anu ku urang dirandapan".

"Halah, ngadoa we ngadeluk. Emang bisa beunghar ku ngadoa. Tuh tenjo si Jeki, boro-boro sholat bari ngadoa, ngambeu bauna mesjid wai sigana can pernah. Tapi tempo usahana, sakitu majuna. Boga imah nepi ka 3, mobil ka saopat-opatna, kebon upluk aplak dimana-mana".

"Kang, tong serab ku harta. Tong boga pamikiran yen jalma nu beunghar ku harta teh jalma anu dipikanyaan ku Alloh. Bisa jadi malah eta jalma teh keur di sungkun ku Alloh.
Sakumaha dawuhan rosululloh shallallohu 'alaihi wa sallam :
"MUN ALLOH MIHAREP KAHADEAN PIKEUN HAMBA-HAMBANA, ALLOH BAKAL GANCANGKEUN BALESANANA DI DUNYA. JEUNG MUN ALLOH MIHAREP KAGORENGAN KA HAMBANA, ALLOH BAKAL TUNDA BALESAN TINA DOSANA, NEPI KA ALLOH SAMPURNAKEUN BALESANANA DINA POE KIAMAT" (9)
Urang ulah kendat-kendat ngadoa supaya dipaparinan kasabaran, sabab kasabaran ieu mangrupakeun salah sahiji kunci pikeun meunang kabagjaan di dunya.
Dawuhan Rasululloh Shalallohu ‘Alahi Wasallam:
"JEUNG EUWEUH PAMERE KA HIJI JALMA NU LEUWIH HADE JEUNG LEUWIH LEGA TIBATAN KASABARAN" (10)
Umar bin Khatthab Radhiyallohu ‘Anhu pernah nyarita :"KAMI NIMU KABAGJAAN HIRUP DINA KASABARAN" (11)
Bisa wae urang ngarandapan naon-naon anu ku urang teu dipisuka, padahal disatukangeun naon anu ku urang karandapan loba hikmah jeung kahadean pikeun urang (12)

Mun urang pareng ngarandapan dodoja, urang kudu buru-buru ngucap ‘Inna lillahi wa inna ilaihi raji’un' bari sadar yen naon wae anu tumiba ka urang mangrupakeun takdir ti nu Maha Kawasa.
Dawuhan Alloh Subhanahu wata'ala:
"JEUNG BERE BEJA ANU NGAGUMBIRAKEUN PIKEUN JALMA-JALMA ANU SABAR, NYAETA JALMA-JALMA NU MUN NANDANGAN MUSIBAH MARANEHNA NGUCAP 'INNA LILLAHI WA INNA ILAIHI ROJI'UN. MARANEHNA ETA NU MEUNANG BAROKAH NU SAMPURNA JEUNG RAHMAT TI RABB MARANEHNA JEUNG MARANEHNA ETA JALMA-JALMA ANU MEUNANG PITUDUH"(13)
Dawuhan Rasululloh Shalallohu ‘Alahi Wasallam:
"EUWEUH HIJI MUSLIM ANU NGARANDAPAN MUSIBAH TERUS NGUCAP NAON ANU DIPARENTAHKEUN ALLOH (NYAETA) :'INNA LILLAHI WA INNA ILAIHI ROJI'UN. YA ALLOH, BERE KAULA PAHALA TINA (MUSIBAH) ANU TUMIBA KA KAULA JEUNG BERE GAGANTI KEUR KAULA NU LEUWIH HADE TINA ETA'. IWAL TI ALLOH BAKAL MERE KA MANEHNA ANU LEUWIH HADE TINA ETA MUSIBAH" (14)

Ku kituna akang kudu yakin yen saenggeus kasusahan anu ku akang ayeuna keur disanghareupan bakal aya kahadean (15)

Jeung urang ulah katipu ku kahirupan di dunya, sabab urang hirup di dunya ngan samentara. Dodoja di dunya teu sabaraha mun dibandingkeun jeung azab di aherat.
Dawuhan Rasululloh Shalallohu ‘Alahi Wasallam:
"KANYAHOKEUN, SAESTUNA KAHIRUPAN DUNYA ETA NGAN KAULINAN JEUNG NANAHAON NU NGALALAWORAKEUN, PERHIASAN JEUNG PAAGRENG-AGRENG DI ANTARA MARANEH KALAYAN PAREUEUS REUEUS DINA LOBANA HARTA JEUNG ANAK SAPERTI HUJAN ANU PEPELAKANANA NAKJUBKEUN PARA PATANI TERUS ETA PEPELAKAN JADI GARING JEUNG MARANEH NENJO WARNANA KONENG TERUS JADI ANCUR. JEUNG DI AHERAT ENGKE AYA AZAB ANU PEURIH JEUNG AYA AMPUNAN TI ALLOH KALAYAN RIDHO-NA. KAHIRUPAN DUNYA ETA IWAL NGAN KASENANGAN ANU NIPU" (16)

Dawuhan Alloh Subhanahu wata'ala
"JEUNG MUN MANUSA NGARANDAPAN BAHAYA, MANEHNA NYALUKAN KAULA, TERUS MUN KAMI BERE MANEHNA NIKMAT TI KAMI MANEHNA NYARITA :'SAESTUNA AING DIBERE NIKMAT IEU NGAN KULANTARAN KAPINTERAN AING'. SABENERNA ETA MANGRUPAKEUN UJIAN, TAPI LOLOBANA TI MARANEHNA TEU NYAHO" (17)



(1) Q.S Al Baqarah 155
(2) Q.S. Al Hajj 11
(3) (HR. Al-Bukhariy no.5640 & Muslim no.2572 Ti 'A`isyah)
(4) (HR. Al-Bukhariy no.5641, 5642 Ti Abu Sa'id Al-Khudriy & Abu Hurairah)
(5) (HR. Ahmad, At-Tirmidzi, jeung lianna, jeung hasan shahih nurutkeun Asy-Syaikh Al-Albani dina Shahih Sunan At- Tirmidzi, 2/565 no. 2399)
(6) Q.S. Al-A’raf 168)
(7) (HR. At-Tirmidziy no.2396 Ti Anas bin Malik, Silsilah Ash-Shahiihah no.146)
(8) Q.S. Al An'am 152
(9) (HR. At-Tirmidziy no.2396 Ti Anas bin Malik, Ash- Shahiihah no.1220)
(10) ( HR. Bukhari N0 781 & Muslim)
(11) (HR. Bukhari)
(12) Q.S. An Nisa 19
(13) Q.S. Al-Baqarah 155-157
(14) (HR. Muslim no. 918)
(15) Q.S. Alam Nasyrah 5-6
(16) Q.S. Al-Hadid 30
(17) Q.S. Az Zumar 49





“Sungguh mengagumkan perkara seorang mukmin. Sungguh seluruh perkaranya adalah kebaikan baginya. Yang demikian itu tidaklah dimiliki oleh seorangpun kecuali seorang mukmin. Jika mendapatkan kelapangan ia bersyukur, maka yang demikian itu baik baginya. Dan jika ia ditimpa kemudaratan/kesusahan1 ia bersabar, maka yang demikian itu baik baginya.” (HR. Muslim no. 7425)

Dimana Alloh ?

"Naon ari nu disebut Rabb?"

"Ar-Rabb nyaeta Pangeran, nu miboga, nu nyiptakeun, jeung dzat nu ngawujudkeun naon-naon nu saacanna euweuh jeung ANjeunan hiji-hijina Dzat anu boga hak pikeun diibadahan" (Al Baqarah 21-22)

"Mun Kitu saha ari Rabb urang?"

"Rabb urang nyaeta Alloh nu geus nyiptakeun, mere rejeki, jeung ngatur urang sarerea, jeung ngatur sakabeh Alam. Jeung Anjeuna sesembahan urang, euweuh deui sesembahan iwal ti Anjeuna".(Al Fatihah 2)

"Ngaliwatan naon urang bisa nyaho ngeunaan Alloh?"

"Urang bisa nyaho ngeunaan Alloh ngaliwatan ayat-ayat Na jeung mahluk-mahluk Na : beurang, peuting, panonpoe, bulan, langit, bumi jeung saha wae oge naon wae nu aya diantarana" (Fushilat 37 & AL A'raf 54)

"Dimana ari Alloh? aya nu nyebutkeun yen Alloh aya dimana-mana. Aya oge nu nyebutkeun yen Alloh leuwih deukeut tibatan urat beuheung urang"

"Alloh bareng jeung maneh dimana wae maraneh araya (Al Hadid 57), maksudna nu bareng jeung urang lain Dzat Alloh. Tapi elmu-Na anu salawasna marengan urang. Dimana wae urang aya, di leuweung, di laut, mangsa peuting, mangsa beurang, di jero imah, diluar imah. Alloh Maha Uninga kanu naon wae urang lakukeun, jeung Anjeuna Maha Uninga kanu naon-naon anu disamunikeun dina jero dada-dada urang.(Tafsir Ibnu Katsir).
'Saestuna kaula leuwih deukeut tibatan urat beuheung maraneh' (Qaaf 16) nu dimaksud kaula dina ayat ieu lain Alloh tapi malaikat. Malaikat leuwih deukeut tibatan urat beuheung urang sakumaha syetan cicing dina awak urang ngaliwatan aliran getih. Malaikat leuwih deukeut tibatan urat beuheung urang, ku kituna malaikat nyaho jeung nyatet kana sakabeh paripolah urang boh nu terang-terangan atawa nu disamunikeun.(Tafsir Ibnu Katsir)
Saestuna Alloh istiwa diluhureun langit, istiwa diluhureun Arsy (Al A'raf 7, Huud 7, Thaah 5, Al Mu'minun 86 & 116, Al Furqan 59, As Sajdah 4, Az Zumar 75, Al Mu'min 15, Al Hadiid 4, AL Haaqqaah 17, Al Buruuj 15 ). Kursi Na leuwih gede tibatan langit eujeung bumi (Ayat Kursi)"

"Perkara Naon nu panggedena nu diparentahkeun ku Alloh ka hambaNa?"

"Parentah anu panggedena nyaeta tauhid. Nga-esa-keun Alloh dina ibadah, teu nyarupakeun Alloh jeung mahlukNa, Nyucikeun Alloh tina sagala kakurangan (Al Ikhlas)".

"Perkara Naon anu panggedena nu dilarang ku Alloh?"

"Syirik, nyaeta nyembah ka salian Alloh, ngajadikeun tandingan jeung batur pikeun Alloh dina ibadah (AN Nisa 36, Al Baqarah 22)"

"Naon hukumna jalma anu nyalenggorkeun ibadahna ka salian ti Alloh?"

"Singsaha wae jalma nu ngalenggorkeun niat ibadahna ka salian ti Alloh sanajan saeutik tinangtu eta jalma kaasup jalma musyrik kafir sanajan manehna sholat, puasa, zakat jeung haji jeung sanajan manenhna nyangka yen dirina muslim" (AL Mukminum 117)

"Agama naon anu dipikaridho ku Alloh?"

"Islam (Al Maaidah 3)"

"Naon ari Islam?"

"Islam nyaeta sumerah diri ka Alloh kucara nauhidkeun jeung taat ka Anjeuna jeung ngaleupaskeun diri tina syirik oge jalma-jalma musyrik"

"Naon wae tingkatan dina agama?"

"Tingkatan agama aya 3, nyaeta Islam, Iman jeung Ihsan . Tilu tingkatan eta masing-masing aya rukunna(Shahih Muslim)"

"Naon ari rukunna Islam?"

"rukun Islam nyaeta anjeun nyakseni yen euweuh pangeran nu boga hak pikeun disembah salian Alloh, anjeung nyakseni yen Muhammad utusan Alloh, anjeun nanjeurkeun sholat, ngaluarkeun zakat, ngalaksanakeun puasa, jeung indit haji mun mampu"

"Naon ari rukunna Iman?"

"Rukun Iman nyaeta anjeun iman ka Alloh, malaikat-malaikat Na, kitab-kitab Na, rosul-rosul Na, poe akhir jeung anjeun iman ka takdir naha hade atawa goreng"

"Naon ari rukun Ihsan?"

"Rukun Ihsan nyaeta anjeun ibadah ka Alloh saperti anjeun bisa nempo Alloh, jeung saestuna Alloh bisa nempo anjeun".

"Naon tugas nu ditarima ku para Rosul?"

"Tugas para rosul nyaetah ngdakwahkeun tauhid, marentahkeun umatna pikeun ibadah ngan ka Alloh jeung ngalarang ibadah ka thaghut"(An Nahl 36)

"Naon ari thaghut?"

"Thaghut nyaeta naon-naon nu disembah, dipikataat ku manusa sacara ngaleuwihan bates nu geus ditangtukeun ku Alloh"

"Saha wae anu kaasup thaghut?"

"Nu Kaasup thaghut nyaeta :
1. Iblis
2. Jalma nu disembah bari manehna rela
3. Jalma nu ngajak manusa pikeun nyembah dirina
4. Jalma nu ngaku nyaho kana hal-hal anu ghaib
5. Jalma nu mutuskeun hiji perkara teu make hukum Alloh "


Sumber : "TASHIL AL-USHUL ATS-TSALATSAH" Syaikh Shalih Bin Abdillah Al ‘Ashiimy