Minggu, 11 Januari 2009

Kunaon Umat Islam Sering Dikakaya?

Al Imam Abu Daud geus ngariwayatkeun dina kitabna As-Sunan kitu ogé Al Imam Ahmad dina musnadna jeung kitu ogé ulama-ulama nu lianna, ti dua sanad anu silih nguatkeun nu hiji jeung nu lainna, ti Nabi Sholallohu ‘alaihi wassalam, Anjeuna ngadawuh,”Mun maranéh geus jual meuli ku cara ‘inah jeung maranéh geus nyokot buntut-buntuk kebo jeung maranéh geus micinta tatanén jeung maranéh geus ninggalkeun jihad di jalan Alloh, tinangtu Alloh bakal méré kahinaan ka maranéh, éta kahinaan moal diangkat nepi ka maranéh balik deui ka agama maranéh”.

Dina hadits shahih ieu aya katerangan anu jelas ngeunaan solusi jeung ubar pikeun nyageurkeun panyakit anu karandapan ku umat Islam ayeuna nu mangrupa kahinaan. Rosululloh Sholallohu ‘alaihi wassalam geus ngajéléntrékeun dina hadits ieu panyakit nu bakal tumiba ka umat Islam, yén Alloh bakal ngahinakeun maranéhna. Kahinaan ieu dibalukarkeun ku sababaraha hal :
1. Mun maranéh geus jual meuli ku cara ‘inah
Jual meuli ku cara ‘inah mangrupakeun salah sahiji transaksi anu ngandung unsur rénten. Sistem jual meuli nu disebutkeun ieu ngan saukur conto (jeung teu ngawatesanan) tina mangrupa-rupa sistem jual meuli nu ngandung unsur rénten nu bakal ngabalukarkeun umat Islam titeuleum kana kahinaan.
Padahal geus jelas yén rénten geus diharamkeun ku Alloh, boh nu méréna, boh nu narimana, boh nu nyatetna boh nu jadi saksina. Dina jaman kiwari, loba transaksi dina rupa-rupa bentuk anu ngandung unsur rénten. Dina sistem ékonomi kapitalis, transaksi-transaksi samodél ieu geus lumrah dilakonan boh ku kaum kafir boh ku umat Islam. Dina hal ieu, perluna umat Islam boga élmu ngeunaan ékonomi syariah, ékonomi Islam nu sumberna ti Alloh jeung Rosul-Na supaya teu tigebrus kana transaksi anu diharamkeun.

2. Jeung mun maranéh geus nyokot buntut-buntut kebo jeung maranéh geus micinta tatanén
Maksudna maranéh leuwih mentingkeun urusan-urusan dunya tibatan urusan agama. Umat Islam leuwih soson-soson nyiar harta banda tibatan nyiar élmu agama jeung ngamalkeunana. Umat Islam titeuleum dina buadaya hedonis nu leuwih micinta dunya tibatan akhérat. Umat Islam leuwih mandang dunya dina ukuran kamajuan, dina ukuran pangwangunan ékonomi. Kamajuan umat diukur tina lobana harta anu dipimilik ku tiap-tiap kulawarga, lain ku euyeub na sholat jama’ah di masjid, lain ku hirupna majlis-majlis ta’lim, lain ku saeutikna kamaksiatan. Leuwih hadé jadi jalma beunghar najan jauh tina tuntunan agama tibatan jadi jalma mu’min anu fakir. Sagala cara dihalalkeun pikeun meunangkeun dunya. Korupsi geus jadi hal anu wajar malah papinter-pinter supaya teu kabokér. Silih tipu, silih sikut geus jadi hal anu lumrah pikeun meunangkeun kalungguhan.

3. Jeung maranéh geus ninggalkeun jihad di jalan Alloh.
Umat Islam geus ninggalkeun jihad di jalan Alloh. Boh jihad ngalawan hawa nafsu sorangan, boh jihad dina amar ma’ruf nahi munkar, boh jihad ngalawan jalma kafir. Dalah tong boroning rék jihad, élmuna ngeunaan jihad, naon rupa-rupa jihad, kumaha adab-adab jihad, Umat Islam loba nu teu nyaho. Malah aya sababaraha golongan anu ngan dumasar kana sumanget bari dibekelan ku élmu anu héngker ngarasa yén maranéhna keur ngalakukeun jihad tapi sabenerna maranéhna keur ngalakukeun karusakan di dunya.

Ku tilu sabab di luhur, cukup pikeun Alloh méré kahinaan ka Umat Islam. Kumaha ubarna?
Alloh moal ngangkat éta kahinaan nepi ka maranéh balik deui ka agama maranéh

Ieu ubar anu pangmatihna nu dijelaskeun ku Rosululloh Sholallohu ‘alaihi wassalam pikeun ngangkat Umat Islam tina kahinaan. Naha ajaran agama nu kumaha nu dimaksud dina éta hadits ? Dawuhan Rosululloh Sholallohu ‘alaihi wassalam: ”Yahudi bakal jadi tujuh puluh hiji golongan jeung Nashara papisah jadi tujuh puluh dua golongan jeung umat Kaula bakal papisah jadi tujuh puluh tilu golongan, sakabéhna di naraka iwal hiji. Para shahabat nanya : Saha maranéhna téh Ya Rosululloh Sholallohu ‘alaihi wassalam? Anjeuna ngajawab: maranéhna nyaéta jama’ah”
Naha jama’ah nu kumaha nu dimaksud? Dawuhan Rosululloh Sholallohu ‘alaihi wassalam: “Maranéhna nyaéta jalma-jalma nu ‘ittiba ka kaula jeung para sahabat kaula” Bebeneran teu diukur tina loba saeutikna jelema nu biluk, tapi diukur tina saluyu atawa henteuna jeung tuntunan Alloh, Rosulna jeung para sahabat.

Dina mangsa kiwari, dimana loba nu ngalalaworakeun tauhid ka Alloh. Dimana loba umat Islam nu leuwih resep make hukum jieunan jalma tibatan Alloh. Dimana sistem ékonomi islam dianggap kurang hadé tibatan sistem ékonomi kapitalis, sosialis, atawa komunis. Dimana hukum pidana dianggap leuwih hadé jeung manusiawi tibatan hukum qishash. Dimana sistem démokrasi dianggap leuwih hadé tibatan sistem pamaréntahan islam. Dimana ieu agama dianggap can sampurna ku cara nambah-nambah syaréat anu datangna lain ti Alloh jeung Rosul-Na. Tong héran mun umat Islam terus-terusan aya dina kahinaan. Terus-terusan dikakaya ku kaum kuffar. Terus-terusan jadi kaulinan kaum kuffar. Padahal Alloh ngadawuh:”Dina poé ieu kaula geus nyampurnakeun pikeun maranéh agama maranéh” (Al Maaidah :3). “Singsaha nu néangan salian ti Islam salaku agamana tinangtu moal ditarima” (Ali Imron :85)

Ayeuna di Filistin, kamari di Iraq, mangkukna di Afghanistan, isuk jaganing pagéto bisa jadi kalaman langsung ku urang saréréa di Indonésa.

Rengganis, 15 Muharam 1430 H

Tidak ada komentar: