Kamis, 01 Januari 2009

NU PENTING NIAT

Rosululloh Sholallohu ‘alaihi wassalam ngadawuh : “Iman ngabogaan 63 atawa 73 cabang, nu paling utama nyaéta kalimah tauhid La Ilaha Ilalloh jeung nu paling handapna nyaéta nyingkahkeun gangguan ti jalan, jeung éra mangrupakeun salah sahiji cabang tina kaimanan.” (HR Muslim, An Nasa’I jeung nu lianna ti sahabat Abu Hurairah radhiyallohu ‘anhu)

Salah sahiji bagéan iman anu panghandapna nyaéta nyingkahkeun naon-naon anu ngahalangan jalan, ti mimiti cucuk, batu gedé, tatangkalan anu rubuh jeung sajabana.

Terus kumaha mun aya jalma ngalakukan hal anu sabalikna?
Ngahaja ngahalangan jalan nepi ka nu laliwat kaganggu, jalan jadi macét. Atuh meureun Iman éta jalma téh bisa disebut teu sampurna. Padahal nyingkahkeun naon-naon anu ngahalangan jalan téh mangrupakeun iman anu panghandapna. Sedengkeun ieu malah sabalikna, malah megatan nu laliwat.

Tapi kumaha mun nu ngalakukeunana boga maksud hadé, niatna hadé?
Maksudna?
Contona mun aya nu démo di jalan-jalan nepi ka jalan macét. Pan niatna hadé pikeun amar ma’ruf nahi munkar. Pikeun nanjeurkeun bebeneran. Pan saur Rosululloh sagala amal gumantung kana niatna.

Umar ibnul Khathab Rodhiyallohu ‘anhu nyarita: Kaula ngadéngé Nabi Sholallohu ‘alaihi wassalam ngadawuh, “ Satiap amalan gumantung kana niatna. Jeung satiap jalma ngan meunangkeun naon-naon saluyu jeung naon anu ku manéhna diniatan. Kukituna, singsaha nu amal hijrahna lantaran Alloh jeung Rosul-Na tinangtu hijrahna éta tepi ka Alloh jeung Rosul-na. Jeung singsaha nu hijrahna lantaran hayang dunya atawa ku lantaran hayang ngawin wanoja tinangtu hijrahna tepi ka nu naon dipikahayangna. (Shahih Bukhari No 1 &Shahih Muslim No 1908)

Ibnu Taimiyah Rohimahulloh nyarita : “Satiap amalan nu dilakukeun ku saurang jalma naha nu mangrupa kahadéan atawa kagoréngan gumantung kana niatna. Mun éta amalan tujuanana hadé tangtu manéhna meunang kahadéan tapi sabalikna mun maksudna goréng tangtu manéhna meunang nu saluyu jeung niatna.”

Hiji amal kahadéan bakal jadi ibadah anu ditarima nalika éta amal diniatan ku niat anu hadé mangrupa kaikhlasan.

“JEUNG MARANÉH TEU DIPARENTAHKEUN IWAL TI SUPAYA ARIBADAH KA ALLOH BARI NGAIKHLASKEUN IEU AGAMA NGAN SAUKUR PIKEUN ANJEUNA” (AL BAYYINAH :5)

Jadi jelas syarat nu kahiji supaya amal ditarima, éta amal kudu diniatan ku niat anu ikhlas. Niat nu ngan saukur néangan ridho Alloh subhanahu wata’ala.

Terus kumaha mun ngalakukeun amal goréng tapi niatna hadé?
“Jeung singsaha nu ngalakukeun hiji amalan anu euweuh syaréatna ti kami tangtu éta amalan teu katarima” (Shahih Muslim ti ‘Aisyah rodhiallohu ‘anhu)
Jadi syarat anu kadua supaya amal ditarima, éta amal kudu saluyu jeung sunnah (tuntunan) Rosululloh Sholallohu ‘alaihi wassalam.

Jeung teu meunang ngahalalkeun nu haram ngan saukur ku alesan niatna hadé. Saéstuna euweuh saurang ogé di luhur bumi nu ngaku boga niat goréng. Teu percaya sok tanya ka nu korupsi, ngagarong, nyopét, jambret jeung nu séjenna kunaon manéhna ngalakukeun éta? pasti maranéhna ngajawab yén niatna hadé, nyaéta pikeun méré nafkah ka anak pamajikanana.

Mun amal goréng bisa jadi hadé kulantaran niatna hadé jeung nu haram bisa jadi halal (lain dina kaayaan darurat) kulantaran niatna hadé tangtu ieu agama teu jauh béda jeung ajaran komunis nu bisa ngahalalkeun sagala cara supaya kabéh rahayat raharja.

Wajib pikeun satiap muslim nyaho kana élmuna saacan ngalakukeun hiji amal. Naha éta amal téh disyaréatkeun atawa henteu, naha éta wajib atawa mustahab? Sakumaha ditulis ku Imam Bukhari dina shahihna aya bab khusus ngeunaan Al Ilmu Qoblal Qoula (Elmu saacan nyarita jeung ngamalkeunana) dumasar kana dawuhan Alloh :
”JEUNG PIKANYAHO YEN EUWEUH NU BOGA HAQ PIKEUN DISEMBAH IWAL ALLOH JEUNG MENTA AMPUN TINA DOSA-DOSA ARANJEUN” (Muhammad : 19)

Dina hal ieu, urang saréréa kudu tetep waspada kana tipu daya syétan, kana talbis iblis. Iblis bisa ngagoda sing saha waé. Ahli ma’shiyat digoda nepi ka tilelep dina ma’shiyatna. Ahli ibadah ogé digoda nepikeun ka titeuleum dina ibadahna nu pacampur jeung ka-syirik-an oge perkara anu bathil bari teu dipikasadar. Maranéhna anu ngalakukeun amar ma’ruf nahi munkar ogé teu leupas tina godaan. Digoda ku sumanget jeung sikap kaleuleuwihan nepi kaluar tina haq-na.

“Sabagian ti maranéhna ngaharéwoskeun ka sabagian nu lianna, ucapan-ucapan nu éndah pikeun nipu.”(Al An’am :112)

Tong katipu ku Syétan la’natulloh nu sok mikaéndah hiji kagoréngan, anu sok nyampurkeun anu haq jeung nu bathil, anu sok ngajadikeun jalma-jalma mandang hadé satiap amalan nu dilakukeunana. Satiap amalan nu ku urang dilakukeun kudu salawasna ditimbang ku Al Qur’an jeung As Sunnah supaya teu kajeblos kana hal-hal sarupa ieu.

“Allohumma inni as ‘aluka ‘ilmannafi’a, wa rizqon thoyyiba, wa ‘amalan mutaqobbala”

Rengganis, 4 Muharram 1430 H.

Tidak ada komentar: