Minggu, 16 November 2008

Bom Bunuh Diri

"Di, Nu ngalakukauen bom bunuh diri teh geus di eksekusi. Eta ku kandelna Iman mah meuni luas ngalaksanakeun bom bunuh diri. Ku iman mah wawanen teh jadi sakitu ngagedurna, kuat ka tega maehan maneh ku bom syahid"

"Kang, sumanget atawa wawanen teu cukup pikeun ngajalankeun agama. Tapi kudu dibarengan ku elmu. Mun teu dibarengan ku elmu nu aya jadi salah kaprah. Tah ngeunaan bom-na nu maehna maneh, ayeuna urang balikkeun deui kana Qur'an, sunnah & atsar para sahabat. Naha geus saluyu atawa henteu."


"Tapi pan loba jalma-jalma nu nyebut maranehna teh syahid?"

"Kang urang teu wenang pikeun nyebut saha wae salaku syahid, sanajan eta jalma dipaehan kalayan zhalim atawa paeh lantaran melaan maneh atawa paeh di medan perang. Sakumaha diterangkeun ku Imam Bukhari dina shahihna dina 'bab teu meunang nyebut si anu syahid' sabab puserna kasaksian yen eta jalma syahid atawa henteu ayana dina hate jeung euweuh saurang oge nu nyaho kanu naon anu aya dina hate salian ti Alloh ta'ala"

"Tapi pan pernah Rosululloh nyebut sababaraha sahabatna syahid?"

"Rosululloh ngomong lain ngan saukur make hawa nafsuna tapi Rosululloh shallallohu 'alaihi wasallam nyarita dumasar kana wahyu anu ditarimana. Mun ANjeuna nyebutkeun salah saurang sahabatna syahid tangtu hal ieu dumasar kana wahyu anu ditarimana. Sakumaha hadits umar, dina hiji poe Anjeuna khutbah : 'Aranjeun ngomong dina perang aranjeun yen si anu syahid jeung si anu paeh kalayan syahid, bisa wae manehna geus nindes tutumpakanana. Sakali-kali henteu, aranjeun tong ngomong siga kitu, Tapi sebut naon nu disebutkeun ku Rosululloh shallallohu 'alaihi wasallam,'Singsaha nu paeh di jalan Alloh manehna syahid'(Hadits riwayat Imam Ahmad)"

"Tapi Di, tanda-tanda yen maranehna syahid pan loba, waktu dikurebkeun langsung aya geledeg, pas datang layonna dipapag ku girimis, terus layonna ceunah seungit"

"Kang Tanda-tanda ieu teu bisa dijadikeun hujjah yen maranehna syahid. Nalika Aburrahman bin Muljim nyaeta nu nelasan pati Ali radiyallohu 'anhu dikaluarkeun pikeun di paehan. Abdullah bin ja'far rodiyallohu 'anhu neukteuk leungeun jeung sukuna. Ibnu Muljim teu ngomong atawa ngaharurung. Terus dua panonna di celak ku paku panas, manehna teu ngaharurung malah maca surat Al Alaq. Nalika letahna di teukteuk, Ibnu Muljim ngaharurung. Waktu ditanya 'Ku naon maneh ngaharurung?' Manehna ngajawab 'Aing teu resep nyanghareupan ajal di dunya bari teu dzikir ka Alloh' Jeung Ibnu Muljim jalma nu dina tarangna aya tapak sujud (Talbis Iblis, Ibnu jauziy). Jadi karomah siga naon wae teu bisa dijadikeun hujjah yen eta jalma aya dina jalan nu bener"


"Jadi kumaha hukumna Bom Bunuh diri teh?"


"riwayat-riwayat nu datang ti Rosululloh shallallohu 'alaihi wasallam ngajalentrekeun yen maehan maneh ku alat naon wae mangrupakeun dosa nu gede disisi Alloh Azza wa Jalla. Di antarana sakumaha anu diriwayatkeun ku Abu Hurairah radhiyallohu 'anhu, nu nyarita : Rosululloh shallallohu 'alaihi wasallam ngadawuh :
'Singsaha anu maehan maneh ku beusi nu aya dina leungeunna, manehna bakal nubles beuteungna dina naraka jahannam anu langgeng, jeung dilanggengkeun salila-lilana. Jeung singsaha anu nginum racun terus maehan maneh ku jalan eta, manehna bakal nginum saeutik jeung saeutik di naraka jahannam nu langgeng jeung dilanggengkeun dijerona salila-lilana. Jeung singsaha nu maehan maneh ku cara ngaragragkeun maneh ti luhur gunung, manehna bakal diragrakeun ka naraka jahannam nu langgeng jeung dilanggengkeun dijerona salila-lilana' (Shahih Bukhari No 5778 & Shahih Muslim No 158)"

"Di riwayatkeun oge ti Abu Hurairah radhiyallohu 'anhu nu nyarita
'Kami bareng jeung Rosululloh shallallohu 'alaihi wasallam dina perang Khaibar. Terus Anjeuna nyarita ka saurang jalma anu ngaku dirina muslim:"Jalma ieu ti ahli naraka" Nalika kajadian perang, eta jalma perang kalayan pinuh sumanget nepi ka tatu. Hal Ieu dicaritakeun ka Anjeuna :'Ya Rosulullah, nu ku ANjeun sebutkeun yen manehna ahli naraka, saestuna dina poe ieu ngilu perang terus palastra' Jawab Rosululloh shallallohu 'alaihi wasallam :'Manehna Asup naraka'. Ampir sawareh manusa hamham (kana ucapan eta). Nalika maranehna dina kaayaan kitu,, terus aya nu ngawartakeun yen saacan eta jalma palastra ku tatu anu kacida parah. Mangsa peuting, manehna geus teu sabar terus maehan maneh. Terus hal ieu diwartakeun ka Rosululloh shallallohu 'alaihi wasallam , terus Anjeuna nyarita :'Allohu akbar, kaula nyakseni yen saestuna kaula hamba Alloh jeung Rosul-Na'. Anjeuna marentahkeun Bilal ngagorowok di hareupeun manusa : 'Saestuna henteu asup surga iwal ti jiwa nu muslim jeung saestuna Alloh nguatkeun ieu agama ku lalaki nu fajir' (Shohih Bukhari & Muslim)

"Nya Aing ge apal atuh Di ari maehan maneh mah kaasup dosa gede. Tapi pan ieu mah tujuanana pikeun ngabelaan agama. Pan sahabat ge pernah aya anu narabas ka barisan musuh nepi ka palastra jeung hal ieu dibenerkeun ku Rosululloh"

"riwayat-riwayat nu nerangkeun yen aya sababaraha urang sahabat nu narabas ka pasukan musuh memang shohih Kang. Tapi urang teu bisa nyaruakeun hal eta jeung bom bunuh diri. Diantarana :
1. Sahabat ngalakukeun hal eta dina kaayaan perang, sedengkeun nu dilakukeun ku nu ngalakukeun bom bunuh diri lain dina mangsa perang.
2. Nu narabas pasukan kuffar, najan saeutik boga peluang pikeun salamet, malah aya sababaraha riwayat yen sahabat nu narabas pasukan kuffar salamet sedengkeun nu ngabom sorangan euweuh peluang pikeun hirup"

"Terus kumaha riwayat nu nyebutkeuan aya hiji jajaka mukmin nu ngajarkeun ka raja kuffar kumaha carana supaya bisa maehan sijajaka. Lainna ieu sarua jeung sijajaka maehan maneh"

"Eta riwayat memang shahih kang.Lengkepna kieu:
Ti Suhaib rodiyallohu 'anhu, Rosululloh shallallohu 'alaihi wasallam ngadawuh,'di jaman baheula aya saurang raja nu boga saurang tukang sihir. Mangsa eta tukang sihir geus kolot, manehna nyarita ka rajana,'Saestuna kuring ayeuna geus kolot. Ku kituna, kuring menta ijin pikeun ngirimkeun saurang jajaka jeung kuring bakal ngajarkeun elmu sihir ka manehna' Raja eta terus ngirimkeun saurang jajaka pikeun diajar elmu sihir. Tapai di satengahing jalan, manehna paamprok jeung saurang pandita. terus eta jajaka eureun pikeun ngadengekun naon anu ditepikeun ku eta pandita. Ku sabab eta, manehna datang telat ka tempat tukang sihir. ku lantaran telat eta si jajaka di teunggeul. Terus manehna nepikeun hal ieu ka si pandita. Si pandita nyarita ka manehna,'Mun maneh sieun ka eta tukang sihir, bejakeun yen maneh ditahan ku kulawarga maneh. Jeung mun maneh sieun ka kulawarga maneh bejakeun yen maneh ditahan ku tukang sihir' Hiji poe, disatengahing jalan, manehna manggihan di tengah jalan hiji binatang nu kacida gedena, nu ngahalangan jalma-jalma sa kampung. Si jajaka nyarita'kaula bakal nyaho saha nu leuwih utama, naha si tukang sihir atawa si pandita?'
Terus si jajaka nyokot batu bari nyarita,'Ya Alloh mun ajaran pandita nu leuwih dipikaresep ku Anjeun, paehkeun ieu binatang anu kacida gedena supaya jalma-jalma bisa neruskeun lalampahanana' Terus manehna nenggorkeun eta batu jeung maehan eta binatang, ku lantaran eta jalma-jalma bisa neruskeun lalampahanana. Saanggeus eta, si jajaka ngadatangan pandita jeung nyaritakeun naon anu ku manehna kaalaman. Pandita nyarita ka manehna,'Anaking, anjeun leuwih utama tibatan kaula, lantaran anjeun geus nyaho kana sagala anu dipikanyaho ku kaula. Pikanyaho, engke anjeun bakal nyanghareupan hiji ujian. Tapi inget! Mun anjeun diuji, tong nyebut-nyebut ngaran kaula' Saanggeus eta, jajaka tadi bisa nyageurkeun jalma lolong, panyakit belang jeung panyakit-panyakit lianna.
Ieu beja sumebar, aya babaturan raja nyeri mata nepi ka lolong, jeung geus diusahakeun kamana-mana tapi teu cageur-cageur. Terus manehna datang ka sijajaka bari mawa mangrupa-rupa hadiah jeung nyarita'Mun anjeun bisa nyageurgeun kaula, kaula bakal nedunan sagala pamenta anjeun' Si jajaka ngajawab 'Saestuna kaula teu bisa nyageurkeun sasaha, tapi nu nyageurkeun anging Alloh ta'ala, kaula bakal ngadu'a ka Anjeuna supaya nyageurkeun panyakit anjeun'. Terus, eta jalma iman ka Alloh ta'ala jeung cageur panyakitna.
Eta jalma datang ka tempat raja jeung diuk bareng sakumaha biasana, terus si raja nanya ka manehna 'Saha nu nyageurkeun panon anjeun?' Manehna ngajawab 'Pangeran kaula' Si raja nyarita 'Naha anjeun boga pangeran salian ti kaula?' Terus dijawab 'Pangeran kaula jeung pangeran anjeun ngan Alloh' Eta raja langsung nyiksa nepi ka eta jalma mere nyaho ngeunaan di jajaka. Terus si jajaka di sanghareupkeun ka si raja, nyarita si raja 'Anaking, sihir anjeun sakti pisan, bisa nyageurkun jalma lolong, panyakit belang jeung anjeun bisa ngalakukeun ieu jeung itu' Si jajaka ngajawab 'Saestuna nu bisa nyageurkeun ngan Alloh ta'ala' Eta jajaka disiksa nepi ka nyaritakeun ngeunaan si pandita. Terus si pandita di datangkeun ka si raja. Si raja nyarita 'Geura balik ka agama anjeun nu baheula' Tapi si pandita teu daek. Terus raja nitah ngaragaji ti luhureun sirahna nepi ka awakna beulah jadi dua. Terus didatangkeun babaturan si raja 'Geura balik ka agama anjeun nu baheula' Tapi eta jalma teu daek, terus manehna diragaji ti sirahna nepi ka awakna beulah jadi dua. Terus didatangkeun oge si jajaka. si Raja nyarita ' Geura balik ka agama anjeun nu baheula' Tapi si jajaka nolak. Terus si raja masrahkeun si jajaka ka pangawalna pikeun dibawa ka gunung. Nepi ka puncak, raja nitah pangawalna ngaragragkeun si jajaka ti luhur gunung. Satepina di puncak, si jajaka ngadua 'Ya Alloh, hindarkeun kaula ti kajahatan maranehna saluyu jeung naon nu ku Anjeun dipikarido'. Terus eta gunung eundeur nepi ka si pangawal tinggorolong ti luhureun gunung.Sedengkeun si jajaka salamet terus datang ka raja. Raja hemeng jeung nanya'Naon anu geus dilakukan ku para pangawal kaula?' si Jajaka ngajawab 'Alloh ta'ala geus nyalametkeun kaula ti kajahatan maranehna' Eta pamuda ditewak deui, raja nyerahkeun si jajaka ka pangawalna nu lian terus dibawa ka luhur kapal jeung di rag-ragkeun ditengah-tengah lautan. Eta pasukan mawa si jajaka ka luhureun kapal. Satepina di kapal si jajaka ngadua 'Ya Alloh, salametkeun kaula ti kajahatan maranehna saluyu jeung nu ku Anjeun dipikarido' Terus eta kapal tibalik jeung sakabeh pasukan tilelep. Sedengkeun si jajaka salamet. Manehna balik deui nepungan si raja. Waktu nempo si jajaka, raja hemeng bari nanya 'Naon anu geus dilakukeun ku para pangawal kaula?'si Jajaka ngajawab 'Alloh ta'ala geus nyalametkeun kaula ti kajahatan maranehna' Terus eta jajaka nyarita ka si raja 'Saestuna anjeun moal bisa mateni kaula saacan anjeun nedunan pamenta kaula' raja nyarita 'naon anu ku anjeun dipikahayang?' si jajaka ngajawab 'Anjeun kudu ngumpulkeun jalma loba di hiji lapang, terus anjeun salib kaula dina hiji tihang, terus cokot jamparing kaula jeung simpen dina gondewana, terus baca 'KALAYAN NYEBUT ASMA ALLOH, PANGERAN IEU JAJAKA' Terus leupaskeun eta jamparing ka kaula. Mun anjeun ngalakukeun eta, tinangtu anjeun bakal bisa mateni kaula' Ku ngadenge omongan si jajaka, raja ngumpulkeun jalma loba dihiji lapang jeung nyalib si jajaka dina tihang. Terus nyokot jamparing jeung disimpen dina gondewana, terus manehna maca 'KALAYAN NYEBUT ASMA ALLOH, PANGERAN IEU JAJAKA'jeung dileupaskeun eta jamparing kana tarang si jajaka. Si jajaka nyekel tarangna terus perlaya. Dina mangsa eta, jalma-jalma anu nyaksian saur manuk nyarita'Kami ariman ka pangeran ieu jajaka' Saurang pangawal nepikeun ieu beja ka raja jeung nyarita '
nyarita 'Gusti, naon anu dipikasieun ku gusti taya gunana sabab jalma-jalma geus ariman'. Terus raja marentahkeun pikeun nyieun solokan anu gede di satiap parapatan jalan, di jerona dihurungkeun seuneu. Terus manehna marentahkeun pangawalna pikeun ngalungkeun saha wae anu teu daek balik ka agamana baheula ka eta solokan. Kacaritakeun saurang awewe jeung anakna anu masih leutik rek diasupkeun ka eta solokan. Tapi manehna ngarasa karunya ka anakna. Anakna nyarita'Ibu, sing sabar lantaran anjeun saestuna aya dina jalan anu bener" (shahih muslim, riyadhus sholihin bab sabar no 31)

"Mun nengetan riwayat si jajaka, jauh bedana jeung bom bunuh diri. Kahiji, sijajaka teu maehan maneh, tapi dipaehan ku jalma sejen. kadua, ku alatan si jajaka, jalma-jalma loba nu ariman, tapi bom bunuh diri ngabalukarkeun jalma luar islam boga persepsi negatif ka agama Islam. maranehna jadi boga persepsi yen Islam pinuh ku kekerasan. Jeung bom bunuh diri nu dilakukan salian mateni jalma kafir oge mateni umat islam. Padahal hukumna haram pikeun mateni jalma anu muslim. 'JEUNG SINGSAHA NU MAEHAN SAURANG MUKMIN BARI DIHAJA, TANGTU WALESANANA JAHANNAM, MANEHNA LANGGENG DIJERONA, ALLOH MURKA KAMANEHNA, JEUNG NGALAKNAT SARTA NYADIAKEUN AZAB NU GEDE PIKEUN MANEHNA' (An Nisa 93)




"Enya aing ge satuju Di, mun mateni jalma muslim kaasup dosa gede. Tapi pan ieu mah tujuanana oge maehan jalma kafir sakumaha parentah Alloh "...PAEHAN JALMA-JALMA MUSYRIKIN DIMANA WAE MARANEH PANGGIHAN.." (At Taubah ayat 5)


"Teu bisa kitu kang, eta ayat memang bener parentah ti Alloh tapi ngalarapkeunana lain kitu. Dawuhan Rosululloh :' Singsaha anu maehan mu'ahad (jalma kafir anu kaiket ku perjanjian) henteu dina waktu/tempatna tangtu Alloh ngaharamkeun surga keur manehna ' (Sunan Abu Dawud no 2760 & Sunan An Nasai No 4761 ti Abu Bakrah radhiallohu 'anhu)
'JEUNG PERANGAN DI JALAN ALLOH JALMA-JALMA NU MERANGAN ANJEUN, TAPI ARANJEUN TONG NGALEUWIHAN WATES, LANTARAN SAESTUNA ALLOH TEU RESEP KA JALMA-JALMA ANU NGALEUWIHAN WATES' (Al Baqarah 190)
DIna mangsa perang Urang teu meunang ngaleuwihan wates diantarana saperti nyacag mayit jalma kaafir, maehan awewe jeung budak leutik, ngaduruk tatangkalan jeung sajabana. Tah kukituna sanajan kafir, tapi lamun eta jalma teu milu icikibung dina merangan umat muslim teu meunang ku urang di perangan."

"Tapi pan eta jalma kafir teh datang ka nagri urang pikeun maksiat"

"Sanajan manehna datang ka nagri urang bari mawa karusakan akhlak tetep teu bisa dijadikeun alesan pikeun maehan maranehna. Lantaran maranehna asup ka nagri urang kalayan geus meunang izin ti pamarentah. Nu ku urang bisa dilakukeun ngan saukur mere nasehat ka pamarentah ngeunaan karusakan nu dibawa ku eta jalma-jalma kafir"


"Jadi Naha urang teu perlu ngalakukeun jihad?"

"Satiap Umat Muslim kudu yakin kana fardhuna Jihad, tapi Jihad kudu dilakukeun dumasar kana elamu, nyumponan kana syarat-syaratna, jeung salawasna ngalakukeun jihad bareng jeung waliyyul amri atawa amir. Mudah-mudahan urang bisa terus neleman elmu agama jeung ngamalkeunana sacara istikomah. Amin"

Tidak ada komentar: