Kamis, 20 November 2008

Nyiar Pibekeleun

"Din, lain ari urang jarang pisan papanggih. Padahal akang teh sering ulin ka imah silaing, tapi ampir teu pernah paamprok jeung silaing kitu oge jeung pamajikan silaing. Ngan paamprok jeung budak we jeung pembantu silaing. Na ari dines di rumah sakit teh beurang peuting?"

"Kang, ari dines di rumah sakit mah ngan beurang wungkul sih. Tapi balik ti rumah sakit, jam 2-an kuring teh praktek di apotik kimia farma. Tah peutingna nepi jam 10-an praktek di klinik asy syifa"

"Ari pamajikan silaing?"

"Atuh pamajikan nya sarua oge, malah mah bareng praktek na jeung kuring nepi ka peuting oge"

"Lain ari gajih ti rumah sakit masih keneh kurang? Da silaing nyiar duit teh pan teu sabeulah. Tapi kenca katuhu. Kaitung salaki jadi pamajikan dokter mah meureun. Iyeu mah meureun. Mun ngandelkeun gajih wungkul ge geus nyukupan keur hirup teh. Jaba anak kakara hiji jeung masih keneh leutik"

"Nya ari keur dahar mah leuwih ti cukup kang. Tapi pan pangabutuh teh teu ngan saukur dahar. Indungna si jacky hayang ganti mobil, atuh kuring boga maksud rek ngagedean imah"

"Din, akang mah moal nyaram maneh jeung pamajikan toh-tohan nyiar dunya. Tapi tong poho euy kana tujuan urang hirup. Urang oge tong poho yen urang hirup di dunya teh teu lana. TIAP-TIAP JIWA BAKAL NGARASAKEUN PAEH. JEUNG SAESTUNA NGAN DINA POE KIAMAT DISAMPURNAKEUN PAHALA ARANJEUN. SINGSAHA DIJAUHKEUN TI NARAKA JEUNG DIASUPKEUN KASAWARGA, MANEHNA BENER-BENER GEUS MUJUR. KAHIRUPAN DUNYA NGAN SAUKUR KASENANGAN NU NYILAKAKEUN (ALI IMRON 185).
Urang diwenangkeun pikeun nyiar kahirupan di dunya, tapi nyiar dunya ieu ulah nepi keun kan ngelehkeun nyiar akherat. JEUNG TEANGAN NAON NU DI ANUGERAHKEUN ALLOH KA ANJEUN NAGRI AHERAT JEUNG ANJEUN TONG MOPOHOKEUN BAGEAN ANJEUN TI DUNYA (AL QASHASH 77)
Da di dunya urang moal lana, sedengkeun nu langgeng mah urang teh di akherat. Sapoe di aherat sarua jeung lima puluh rebu taun di dunya. Sedengkeun urang paling banter hirup teh ngan tujuh puluh lima taun. Ku kituna urang ulah mentingkeun teuing dunya bari ngalalaworakeun aherat. Ku inget kumaha sakeudeungna hirup dunya jeung lilana hirup di aherat, tangtu urang kudu nyiar bekel teh leuwih loba nyiar bekel keur di aherat engke tibatan nyiar bekel keur di dunya. TAPI MARANEH MILIH KAHIRUPAN DUNYA, PADAHAL KAHIRUPAN AHERAT LEUWIH HADE JEUNG LEUWIH LANGGENG (AL A'LAA 16-17)
Urang kudu inget kana naon tujuan mimiti urang diciptakeun. JEUNG KAULA TEU NYIPTAKEUN JIN JEUNG MANUSA, IWAL TI PIKEUN IBADAH KA KAULA (ADZ DZARIYAT 56)
Tah ku kituna, naon nu ku urang diteangan di dunya ieu, kuduna ngan saukur pikeun ngarojong ibadah ka Alloh. Ayeuna maneh digawe toh tohan tepi ka teu inget waktu. Tepi ka anak teu dipirosea. Inget Din, najan sakumaha lobana harta banda ge tetep moal dibawa ka jero kubur. Atuh ceunah silaing toh-tohan nyiar dunya pikeun bekel ke kolot, da tana wuruh umur silaing nepi ka kolot. Saha nu nyaho isuk pageto silaing teh geus dimandikeun jeung di sholatkeun.
Urang memang lolobana serab ku kahirupan dunya. Padahal kanikmatan nu aya di dunya teh euweuh nanaonna mun dibandingkeun jeung kanikmatan nu dijangjikeun ku Alloh di aherat nu disadiakeun pikeun jalma-jalma mu'min. Mun urang bener-bener yakin kana ayana kahirupan aherat, kuduna toh-tohan teh nyiar bekel keur aherat lain keur dunya. Dunya mah ngan digunakeun pikeun ngarojong amal ibadah urang. Tapi tujuan utama mah tetep aherat.
Ari kanyataan nu aya papalingpang jeung eta. Urang ngajadikeun amal ibadah teh ngan ukur sampingan, ngan ukur sarat, ngan ukur ngalakonan anu wajib. Sholat sering dilalaworakeun. Berjamaah di masjid geus tara dilakonan da teu ari ku nyiar dunya. Nungtut elmu agama keur bekel aherat teu dipentingkeun teu cara nungtut elmu keuh kahirupan dunya. Silaing sakola erep mangjuta-juta pikeun kuliah kedokteran, supaya bisa nyiar duit nu loba. Tapi nungtut elmu agama mah ngan sakali saminggu pas poe jumaah, kitu ge sok tara sempet ngadengekeun khutbah da datang na teh nga pas sholatna wungkul. Ari pas datang keur khutbah langsung ngaguher.
SINGSAHA NU ALLOH PIKAHAYANG PIKEUN MEUNANGKEUN KAHADEAN, ALLOH FAQIHKEUN DINA AGAMA (SHAHIH BUKHARI NO 69, SHAHIH MUSLIM NO 1718 TI SAHABAT MU'AWIYAH BIN ABU SUFYAN RODHIALLOHU ANHUMA)
SINGSAHA NYORANG JALAN DINA RARAGA NYIAR ELMU TANGTU ALLOH GAMPANGKEUN JALANNA KA SAWARGA (SHAHIH MUSLIM NO 4867 TI SAHABAT ABU HURAIRAH RODHIALLOHU ANHU)
NUNGTUT ELMU WAJIB PIKEUN SATIAP MUSLIM (SUNAN IBNU MAJAH TI SAHABAT ANAS BIN MALIK RODHIALLOHU ANHU)
Ku kituna, sakali deui Din, akang mah ngelingan ka silaing ku rasa nyaah jeung deudeuh ka silaing. Tong popohoan teuing nyiar dunya tapi kudu inget nyiar bekel keur akherat. Digawe ulah beurang peuting teuing. Si jacky kudu diperhatikeun oge kumaha atikanana. Bener ari soal daharna mah teu kalalaworakeun da bubuhan aya pembantu di imah. Tapi tetep kawajiban silaing pikeun mere atikan anu bener ka manehna. Geus loba bejana mun salaki jeung pamajikan sibuk digawe, anak jadi katompernakeun. Tungtungna anak jadi tigebur kana narkoba, seks bebas, jeung kamaksiatan sejenna"

"Hatur nuhun kang, kana pangeling-ngelingna. Memang sih kadang kala mah kuring ge ngarasa asa cape ngudag-ngudag dunya teh. Tapi kumaha nya, da dijurung ku kahayang nu loba. Hayang ieu hayang itu. Geus boga motor hayang mobil, geus boga mobil hayang ganti nu leuwih alus. Bisa ngontrak imah hayang boga sorangan nepi ka ngiridit ka bank. Geus boga imah sorangan hayang nu leuwih alus"

"PAAGRENG-AGRENG GEUS NALOBEHKEUN MARANEH. NEPI KA MARANEH ASUP KA JERO KUBUR. TONG KITU, ENGKE MARANEH BAKAL NYAHO. JEUNG TONG KITU, ENGKE MARANEH BAKAL NYAHO. TONG KITU, MUN MARANEH NYAHU KU PANGAWERUH NU YAQIN. TANGTU MANEH BAKAL BENER-BENER NEMPO NARAKA JAHIIM. JEUNG SAESTUNA MARANEH BAKAL BENER-BENER NEMPO KU AINUL YAQIN. TERUS MARANEH PASTI BAKAL DITALEK DINA ETA POE NGEUNAAN KANIKMATAN (NU MARANEH PAAGRENG-AGRENG DI DUNYA (AT TAKAATSUR 1-8)"

Tidak ada komentar: