Selasa, 18 November 2008

Sumanget

Mang Uking sumanget pisan narokan kai tangkal rambutan.
Teu malire panonpoe anu keur ereng-erengan.
teu malire kesang anu maseuhan sakujur awakna.
Waktu ditanya "Mang meuni sumanget kitu digawe teh?"
Pokna "Sumanget atuh jang, pan ke mun geus rengse amang bakal meunang buruhan, lumayan keur meuli beas jeung laukna"

Malem minggu Kang Gin Gin sore keneh geus saged.
Make pakean anu perlente.
Buuk diminyakan, disisir beulah tengah.
Make parfum Hugo Boss anu kaambeu ti jarak 500m.
Waktu ditanya "Kang meuni sumanget kita, aya acara naon yeuh?"
Pokna "Eh pan malem minggu ieu teh, Akang rek nepungan si Neneng anak Pak Camat"

Jang Ihin sakola di salah sahiji SMA favorit di Kota Kembang.
Bubaran sakola jam 2 manehna jeung babaturanana langsung indit ka tempat Bimbel.
Jam 5 bubaran Bimbel, langsung mulang.
Jam 7 saanggeus sholat Isya langsung ngapalkeun palajaran nepi ka jam 10 peuting.
Waktu ditanya "Jang, meuni sumanget kita diajar teh?"
Pokna "supaya lulus UMPTN Kang, mun asup PTN mah pan engkena gampang neangan gawe teh"

Naon anu ngalantarankeun timbulna sumanget?
Geuningan harepan, harepan bakal meunang naon-naon anu dipikahayang.
Tapi naha urang ngalalaworekeun harepan ti Alloh anu jangjina pasti moal jalir.
Naha urang teu sumanget indit ka masjid pikeun solat subuh berjamaah padahal balesanana surga.
Naha urang teu soson-soson diajar elmu agama anu ganjaranana surga.
Naha urang teu sumanget hudang tengah peuting pikeun tahajud padahal Alloh geus ngajangjikeun surga.
Naha ? Padahal kanikmatan surga jauh leuwih gede tibatan sakabeh kanikmatan anu aya didunya.

Disadiakeun bidadari anu geulisna euweuh bandinganana, anu tetep parawan, masih ngora, kulitna mulus, panonna cureuleuk, romantis, pinuh ku cinta,hade ahlakna, montok pinareupna.

Disadiakeun kadaharan anu nikmatnya euweuh bandinganana. aya daging, aya buah-buahan anu nikmatna euweuh bandinganana. Aya anggur anu teu mantak mabok jeung seungitna siga kasturi. Piringna tina emas, gelasna oge tina emas.

Disadiakeun karaton pikeun tempat cicingna. pakeanana warna hejo tina sutra. Geulangna tina emas. Mahkotana pinuh ku inten jeung mutiara. Kasurna luhur, kandel jeung empuk. dipanna dihias ku inten jeung emas dilapis ku mutiara.


Baraya hayu tingkatkeun sumanget ibadah ka Alloh nu ganjaranana surga nu euweuh bandinganana.


(Mangga baca kitabna Ibnu Qayyim : Tamasya ka Surga)

Tidak ada komentar: